60 Urang Siswa Meunang Layang Pangajén Bintang Karakter
Katerangan poto :
60 urang siswa nu kenging layang pangajén Bintang Berkarakter poto sareng kepala sekolah, guru katut Babinkamtibmas Polsek Pléréd Polres Purwakarta jeung Babinsa Koramil 1902/Pléréd Dim 0619/Pwk.*
Pléred - Warta Sunda Onliné,
Ratusan siswa UPTD SMPN 1 Pléréd milu nyaksian Istrénan PKS (Polisi Siswa) jeung Layang Pangajen Bintang Karakter.
Dina biantarana Kepala Sekolah, H. Iwan Hidayat Angga, M.M.Pd, miharep ka warga atikan pikeun leuwih ngadisiplinkeun siswa disakola nu luyu jeung palenggeran di internal sakola.
Kajaba ti éta, para siswa dimonitor ku Buku Saku Berkarakter, ngarah apal saurang-saurang dina prilaku disakola. Pon kitu deui, para siswa ti bumina diwajibkeun laleumpang kirang langkung 100 métér nepika ka gerbang sakola luyu sareng program Gubernur Jawa Barat.
Ku kituna orang tua siswa bisa ilu biung ku ningali tina buku saku éta. Mun nepika aya siswa anu hasil monitoring éta awon, tangtu pihak sakola ngayakeun pembinaan anu langkung daria tina pasualan siswa anu teu disiplin.
Dipiharep peran orang tua siswa babarenga pikeun ngamonitoring barudak diluar sakola, sangkan ngadumanis antara pihak sakola sareng orang tua siswa.
Ceuk perwakilan orang tua siswa, Dita Kurniawati kelas 7-D ibu Ena Rumtiha (47) ngaraos ka bantos ku ayana Buku Saku
Berkarakter. "Tiasa apal kana kagiatan murangkalihna disakola," pokna.
Lain halna ceul Wakasek Bidang Kesiswaan, Drs. Nanang Suryana. Ieu kagiatan téh dina raraga evaluasi Open Publik ka masarakat saperti halna aya ti perwakilan orang tua siswa, pihak koramil jeung Polsek. "Ti mimiti préstasi siswa, evaluasi buku saku berkarakter tur pintonan kamonésan para siswa SMPN 1 Pléréd." Pokna Wakasekbidsis.
Dina kasempetan éta ogé Sertu Priat Babinsa Désa Pléréd Koramil 1902/PLD DIM 0619/PWK sarta Aipda Muchamad Syamsudin Babinmas Désa Pléréd Polsek Pléréd Polres Purwakarta minangka ngabina ka UPTD SMPN 1 Pléréd ngeunaan wawasan kebangsaan (Bel Negara, penyuluhan Narkoba, kedisiplinan jeung sajabana).***
0 Response to "60 Urang Siswa Meunang Layang Pangajén Bintang Karakter"
Posting Komentar