Reuni Akbar MTs Al-Musyarofah Lintas Angkatan
Para Alumni MTs Al-Musyarofah Sukamaju Darangdan Purwakarta ngariung bongkok ngaronyok, mukakeun deui panineungan ka jaman nyuprih élmu disakolana.
RÉUNI akbar Angkatan 1986 - 2019 Madrasah Tsanawiyah (MTs) Al-Musyarofah Sukamaju Darangdan Purwakarta, Saptu (27/1). Pikeun ngareuah-reuahna, calagara ngogan KH. Asép Abdussalam, S.Pd.I (Alumni 1993) sareng Ustd. Mansyur Syarifudin, S.Pd.I (Alumni 1995) sarta Ustd. Ahmad Sobari (Alumni 1996) pikeun cumarita dina ieu réuni nu jejerana : Mesra dalam ikatan menembus sekat angkatan.
"Sim kuring salut ka pihak panatacalagara nu bisa ngahijikeun angkatan aki-aki jeung angkatan anom tur béda angkatan bisa milu aub dina éta kagiatan," ceuk Ujang Saépudin. Ieu téh ku alatan majuna téknologi informasi, lebah dieu média sosial. Alatan média sosial, babaturan nu basa keur sakolana tacan usum média sosial bisa kapaluruh.
Sakola nu ngapungkur di Ma Almualimin, ayeuna MTs. Al-Musyarofah parantos netep. Jumlah
Siswa aya kana 200 urang, 9 kelas, aya ruang guru. Pihakna ngawacanakeun pikeun pengembangan sakola, nilik tina heureutna lahan sakola. Lian ti éta aya ruang musola dimangpaatkeun keur netepan dzuhur, tapi teu tiasa berjama'ah sadayana, kapayun pihak sakola hoyong ngagaduhan aula sangkan tiasa dianggo kanggo kagiatan do'a bersama nu nu tos buasa dilaksanakeun kalih dianggo kagiatan pengkajian kitab kuning dina rutinitas siswa-siswi tiap dinten Juma'ah anu langsung dipupuhua ku pangersa Ustad Ahmad Sobari Pimpinan Pondok Pesantrén Hidayatul Mubtadiin.
Sajaba ti éta, "Alhamdulillah murangkalih MTs anu sambil mondok di Pesantrén Hidayatul Mubtadiin, barudakna jumlahna kirang langkung 45 pérsén tina siswa anu sakola di MTs. Al-Musyarofah.
Ceuk salah saurang panatacalagara Ustd. Opa Mustopa, pihakna wawakil ti sakola gawé bareng jeung para alumni dina ngayakeun réunian tujuanna sangkan paraalumni tong nepi ka poho ka almamaterna. Sajaba ti éta, "Alhamdulillah murangkalih MTs anu sambil mondok di Pesantrén Hidayatul Mubtadiin, barudakna jumlahna kirang langkung 45 pérsén tina siswa anu sakola di MTs. Al-Musyarofah.
"Kiprah sakola téh kalintang gedé ajénna hususna guru-guruna nu parantos ngatik jeung ngadidik urang saréréa. Urang sapertos kieu téh sasat jasa aranjeunna," pokna.
Wawakil ti alumni Angkatan 2003, wastana Arif Hidayatulloh, ngarasa bungah ningali kaayaan sakolana langkung ngaronjat. Basa dirina harita sakola benten pisan jiga ayeuna.
"Ngiring ngawulang di ieu sakola, pikeun ngamalkeun élmu hususna ngatik jeung ngadidik barudak. Samalah sim kuring ka ajar ku Bapa Kepala Sakola (Ujang Saépudin nu kakara mupuhuan 1,5 taun). Ayeuna mupuhuan tur sim kuring dipasihan kasempetan ngawulang di éta sakola," pokna.***
0 Response to "Reuni Akbar MTs Al-Musyarofah Lintas Angkatan"
Posting Komentar