Sajak Sunda KiNdéd19 (ISIN NATAKU)
ISIN NATAKU
Diagung-agung ku adigung
Dihormat-hormat ku maksiat
Diuk angkuh nu diwuwuh
Nyelekit lamun ngadawuh
Haté kuring cumarita
Naha teu era kitu manéhna
Naha teu sadar kitu anjeuna
Mungkus kahinaan ku kamulyaan
Isina mani nataku
Mun sadar kana dirina
Kamulyaan nu cangking ayeuna
Alatan Gusti nutupan aibna
Aduh... mani isin pisan
Mun anjeun tiasa ngeunteung
Rupa ganteng matak keueung
Sarimbag ngabelegbeg hideung
Ikh.... isin pisan
Hirup pinuh ku pura-pura
Imutna ukur sandiwara
Mun nulung kudu aya untung
Mun nalang kudu jadi hutang
Kinded19