#NétProsamini/PustakaSunda/NuNgolébat/DianWulan
NU NGOLÉBAT
R
|
ada tiiseun di ruang tunggu dokter téh.
Teuing pédah hujan ti soré kénéh meureun.
Rét
ka béh katuhu. Gebeg. Geuning aya Dédéh di dieu. Di klinik Prima. Rarasaan bet
jadi tagiwur, teu puguh cabak. Naha rék naon Dédéh di dieu? Rék ka dokter
kandungan kitu? Ngan asa piraku. Pan ceuk béja mah geus papisah jeung salakina.
Tapi kétang da lain dokter kandungan wungkul di ieu klinik mah, aya dokter
umumna ogé.
Manéhna
diteuteup, anteb. Ngan hanjakal, kawasna teu terus rasa, nu diteuteup bangun
haré-haré baé. Ngadon ngucumel HPna bari ngalahun budak lalaki.
Ngolébat
mangsa munggaran amprok jeung Dédéh. Mangsa éndahna nguyup kaasih duaan.
Hanjakal dipegatkeun ku bapana. Sagara katresna nu mayakpak ku kaéndahan robah
jadi lautan kapeurih. Raheut nu gudawang jeroeun dada hésé litana, aya taunna.
Ayeuna
tepung deui. Ku teu sangka. Hareupeun pisan. Manéhna ngalahun budak lalaki nu
keur ingsreuk-ingsreukan. Kawasna keur gering.
Gigireun,
pamajikan anteng nyoo HP. Cenah aya WA ti indung kuring, nanyakeun jadi
henteuna mariksa kasuburan kandungan téh. Lantaran geus lima taun ti saprak
dirapalan can boga waé cooeun mangsa mulang ti kantor.
Rét
deui ka nu hareupeun. Dédéh katémbong maling rérét. Séak téh, aya nu nyéak dina
haté. Jajantung asa ratug. Geuning Dédéh melong ka dieu? Tangtuna nyahoeun
kuring di dieu. Ah, boa kétang. Duh, mun tanggah atuh, Déh. Ulah tunggkul waé.
Cik melong deui ka dieu, ceuk haté ngalécok sorangan. Ah, ka mana karep pikiran
téh, ceuk haté deui némpas.
Budak
lalaki nu dilahun téh dipelong. Keureutan beungeutna siga Dédéh. Meureun
budakna. Kabita. Kawasna mun baheula ngajadi téh bakal boga budak sapantaran
kitu.
Nu
keur WA-an jeung mitohana dikaléng. Sirahna disarandékeun kana taktak. Lain rék
ngabibita Dédéh, ngan rék nyumangetan pamajikan jeung diri sorangan, sangkan
mingkin sabar dina nyanghareupan ieu ujian. Komo ujian nu di hareupeun.***