Kapolres Purwakarta 21 Taun Katukang, Nineung ku nu Mintonkeun Mayoret
Unjuk kabisa Kapolres Purwakarta AKBP Matrius mintonkeun mayoret di payuneun tamu ondangan.*
Warta Sunda Onkiné,
Nineungku pintonan pamilon Rampak Drum Band, hususna salahsaurang nu nyekel waditra drum band hususna mayoret.
Dina hal ieu mah, Kapolres Purwakarta, AKBP Matrius, nepika kataji ku mayoretna.
Nitenan nu saperti kitu téh, pihak panitia méré kasempetan ka Bapa Kapolres mintonkeun unjuk kabisana nyepeng waditra perkusi drum band nyaéta waditra mayoret.
Sapertos témbong dina poto Pa Matrius mintonkeun waditra mayoret nu katingal pinter tur lihey ngamaénkeun mayoret.
Sabada rengsé acara pembukaan jamboré kagiatan PDBI, Warta Sunda Onliné neda widi ka ajudan Polres Purwakarta seja wawancara door stop (wawancara cegat di jalan). Nya, Alhamdulillah teu kungsi lila sim kuring nyuhun widi ka Pa Kapolres neda widi 5 menit.
"Sim kuring ku pihak panitia dipasihan kasempetan mintonkeun waditra mayoret di payuneun tamuvondangan sarta para pamilon," kitu ceuk Pa Kapolres ka Warta Sunda Onliné di Lapang Purnawarman, poé Ahad, (11/11/2019).
Masih ceuk Pa Kapolres, "21 taun katukang sim kuring mindeng mintonkeun nu saperti kitu, malah mandar unggal poé latihan nalika anjeuna pendidikan di Akpol salaku resigt master/mayoret taun 1998".
"Ku kituna ningali pintonan drum band éta, ras inget puluhan taun katukang," pokna Matrius.
Dina peupeujeuhna ka para nonoman, "Sok eusi ku kagiatan anu positif sapertos ayana lomba nu saperti kitu téh, minangka keur merangan nonoman tong nepika terjerumus kana narkoba, malahan nonoman anu kréatif komo ngiringan drum band tantuna tiasa metik hasil préstasi di tingkat kabupatén, provinsi, nasional pon kitu deui di tingkat internasional.
Lian ti éta, harepan Kapolres, miharep sumanget latihan, leuwih trampil dina nfagunakeun waditra, bisa kolaborasi tur tiasa ngiringan even lomba-lomba. Malahan pihakna rék nyiapkeun wadah nu reseo kana drum band.
Inyana ogé ngajelaskeun, yén Drum Band ayeuna geus kalebet Cabor di Koni.*** (Anto S). @ Pasar Rebo Simpang Purwakarta