WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Bupati Nartibkeun Wangunan Liar tur Ngarelokasi Padagang di Kawasan Gerbang TOL Cikampek - Cikopo

Bupati Purwakarta :  Om Zein Mere Arahan ka Warga Pedagang  Tol Cikampek Cikopo ( DOK Satpol PP_Pwk) PURWAKARTA - www.wartasunda.id,-       ...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

JURIG CARINGIN DI PASIRANGIN

JURIG CARINGIN DI PASIRANGIN


Ku : Agus Mulyana, S.Pd

M
alem Jumaah di Pasirangin. Hujan ngaririncik ti soré mula. Rék mulang sakola téh wegah. Horéam, laleueur di jalanna. Antukna nyorangan wé ngaréngkol dina korsi panjang di rohangan guru.

Kira-kira jam satengah satu peuting lilir. Ngadadak hayang ka cai. Kulutrak muka konci, muru wc gigireun dapur. Kaluar ti wc, ngajanteng heula hareupeun lapang upacara. Tangkal caringin tukangeun sakola katémbong rumpudukna, daunna ririaban siga rambut katebak angin. Barang disidik-sidik, geuning bet loba budak leutik 'na dahan caringin téh. Hareureuy luluncatan ti dahan ka dahan. Sawaréh tingirihil saleuseurian. Budak ti mana nya? Asa teu asup akal mun aya budak arulin mangsa peuting. Boroning ti peuting, dalah beurang ogé can kungsi kawénéhan nempo budak ulin naraék tangkal caringin éta. 

Geus teg wé haté miheulaan sieun. Ieu meureun nu disebut jurig téh. Antukna sabil, antara sieun jeung panasaran. Sieun maranéhna ganggu ka kuring, tapi panasaran hayang nyampeurkeun. Ceuk pikir téh iraha deui kawénéhan nempo nu kitu. Éléh kénéh ku Bu Éha nu cenah sering nempo jurig di sakola. Kitu deui Dédé Otoy nu kungsi ngalaman dikeukeupan jurig awéwé, basa soré-soré kasaréan di kamar perpustakaan. Kitu dongéngna, duka bener henteuna mah.

Panasaran tuluy disampeurkeun. Nangtung gigireun ruang guru SMK. Nempokeun ka lebah tangkal caringin. Ngadadak angin ngagelebug tarik nakeran. Daun caringin nu gararing rabeng maruragan. Anéhna, naha nu katebak angin téh ngan tangkal caringin wungkul. Ari tatangkalan sabudeureunana mah caricing, ukur oyag meueusan.

Rét ka luhur. Geus ngaranjug deui waé. 'Na ka marana barudak téh! Geuning euweuh sasaha! Luak-lieuk kana tangkal cau jeung tangkal jeungjing hareupeun caringin. Luput taya sasaha. Di mana nyarumputna barudak téh? 

   "Néangan saha, Pa?" teu kanyahoan aya nu nanya tukangeun. Mani asa kabur pangacian. Keur mah sieun, aya nu nanya bari teu kanyahoan ti tadina. Dirérét, geuning Si Utis budak kelas 9b. 
   "Manéh Utis? Keur naon wayah kieu aya di sakola?"
   "Ameng wé, Pa. Nyari sénsasi baru...!" Pokna alangah-éléngéh.
   "Sénsasi baru naon?"
   "Éta, euh.....ameng tipeuting dina dahan caringin."
   "Nu bener manéh téh, Utis! Jeung saha deui, geuning tadi siga lobaan?"
   "Tuh, jeung Si Otas, Si Jujun, Si Agung, Si Épul." Pokna bari nuduhkeun kana rungkun kembang keretas handapeun caringin. Barudak téh kalaluar tina rungkun, bari tingcalengir. 
   "Bapa tadi sieun nya?" Ceuk Si Otas.
   "Henteu...!" Ceuk kuring.
   "Geuning rerengkogan jeung siga nu ngeleper ngadégdég...!"
   "Ngadégdég sotéh lapar siah Kotas, ti kamari soré can dahar."
   "Ooooh....!" barudak sareuri pikasebeleun.
   "Pa, rék mulang heula." Cenah paramitan.
   "Jig, kadé ati-ati di jalanna bisi aya jurig."
   "Teu sieueueun....!" Cenah bari tinglaléos ka kebon, muru jalan nu brasna ka lembur.

Beurangna barudak ditanya deui. Kuring ngahuleng. Geuning teu kamamana cenah. Malah Si Otas mah susumpahan, rék nanaonan peuting-peuting ulin 'na caringin. Diheueuhan ku babaturanana. Bener kituna mah. Piraku janari geus arulin.
Lamun kitu, ari nu tadi peuting téh saha atuh?***

Pasirangin, 01 Nov. 2019.

Subscribe to receive free email updates: