Purwakarta Meunang Deui Layang Pangajén Natamukti ti Kementerian UKM RI
K
|
omitmen
Bupati Purwakarta dina ningkatkeun Séktor Usaha Kecil dan Menengah (UKM) di
Kabupatén Purwakarta, anu terus berkembang ayeuna sigana geus ngahasilkeun,
hasil.
Upayana
éta ngamekarkeun tina séktor UKM, nepika diapresiasi sarta kenging kagegelan
layang pangajén ti Kementerian Koperasi dan UKM RI, nu gawé bareng ti pihak Internasional Council for Small Business
(ICSB), nyaéta, ngalewatan ajang Natamukti Award 2019.

Sekretaris
Menteri Koperasi dan UKM, Rully Indrawan ngeceskeun, yén Pemkab Purwakarta salila
ieu dianggap konsisten dina ngembangkeun UKM
di wilayahna. Penghargaan Natamukti éta téh mangrupikeun wujud
apresiasi ti kementerian.
"Ieu
mangrupikeun kagiatan taunan salaku wujud apresiasi ti menteri ka kepala daérah
anu parantos dianggap konsisten dina ngadorong ékonomi masarakatna
ngalangkungan UKM," saur Rully.
Dina
ajang Natamukti 2019, anjeunna nambahkeun, aya 34 kabupaten / kota di Nusantara
anu dipilih nampi panghargaan. Keur di Jawa Barat waé, aya 5 daérah anu
diganjar ku panghargaan.
Masing-masing,
anjeunna neraskeun, Kabupatén Bandung, Subang, sareng Purwakarta. Salajengna,
Kota Cirebon, Kota Bandung sareng Kota Bogor. Sedengkeun keur Purwakarta mah,
cenah, geus dua kali meunang dua layang pangajén éta.

Kategori Natamukti Nindya parantos dipasihkeun ka
pamaréntahan kabupatén / kota anu pangsaéna dina ningkatkeun daya saing UMKM
sadayana, boh tingkat nasional pon kitu deui global.
Pikeun
Purwakarta, anjeunna nambahkeun, tina dua taun ieu masih disangking ku
Purwakarta panghargaan Natamukti na téh. Daérah ieu, dianggap suksés dina
ngamekarkeun sektor UMKM masarakatna.
"Mudah-mudahan
kagiatan ieu henteu ngan ukur sawates formalitas wungkul. Tapi kudu jadi spirit
pikeun ngembangkeun UMKM," pokna deui.
Bupati
Purwakarta, Anne Ratna Mustika, duméh reueus tina kenging kagegelan éta.
Dipiharep, kapayuna anjeunna rék terus nargétkeun, malah mandar tarékah jeung
patéahna pikeun sektor UMKM di wilayahna terus ningkat.
“Ieu
memang parantos janten komitmen sim kuring,” pokna Anne.
Sumawona,
dugi ka ayeuna tingkat paekonomian masarakatna ngaliwatan UMKM ngaronjat. Ku
kituna, anjeunna yakin yén séktor UMKM bakal terus mekar mangsa kahareupna.
Optimisna
ieu sanés tanpa alesan. Sumawona, anjeunna ningali poténsial pasar anu lumayan
ageung. Hartina, ngagambarkeun kamekaran sektor pariwisata di daérah anu ogé
parantos ningkat.
"Ieu
mangrupikeun kasempetan anu saé pikeun ngaronjatkeun ékonomi wargana." pokna
ngajelaskeun.***