WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Ceuk Anggota DPR Komisi DPR Mufti Anam : Ayeuna Sadayana Dipajak, Malah Amplop Kawin Ge…

  Ceuk Anggota DPR Komisi DPR Mufti Anam : Ayeuna Sadayana Dipajak, Malah Amplop Kawin Ge… JAKARTA –  www.wartasunda.id Déwan Perwakila...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Miéling HARI SANTRI NASIONAL 2019 : SARUNGAN CIRI KHAS ISLAM NUSANTARA


Purwakarta – Warta Sunda Onliné,
P
uncakna acara Hari Santri Nasional (HSN) di Purwakarta lumangsung kalayan meriah. nurutkeun Bupati Purwakarta Anne Ratna Mustika, acara HSN taun ieu mah béda jeung ti taun-taun katukang.
"Poé ieu di Purwakarta minangka ngarayakeun hari santri nu ka-3 taun. Perayaanana béda jeung taun kamari, samalah saniskara kagiatanana saminggu jeput, ti mimiti ping 12 Oktober nepika kamari 21 Oktober 2019," pokna Anne sabada miéling acara puncak HSN di Taman Pasanggrahan Padjajaran Purwakarta,  Salasa (22/10/2019).
Bupati Anne ngajelaskeun, yén miéling HSN lain saukur dipiéling acara kagiatan upacara wungkul, tapi ayana sarupaning kagiatan-kagiatan lainna.
“Miéling poé santri ayeuna, ku diayakeunana lomba-lomba timimiti lomba MQK (Kitab Safinah, Taqriv, Fathul Muin, Alfiyah Ibnu Malik), Cipta Puisi, Photografi, Porseni jeung Defile Santri. Lian ti éta, kamari poé Senen, 21 Oktober 2019, pihakna parantos magelarkeun Sholawat jeung Dzikir Bersama," jelas Anne.
Kajaba ti éta, Kapolres Purwakarta AKBP Matrius ngaapresiasi kana kagiatan hari santri nasional nu deudeul jeung dirojong Pamaréntah Kabupatén Purwakarta.

"Pokona mah acarana rohaka pisan, samalah kagiatan hari santri di Purwakarta sungguh luar biasa dimana sakabéh kagiatan santri jeung ulama, didukung penuh ku Pamaréntah Kabupatén Purwakarta jeung TNI katut Polri.  Ayeuna ciri has sarungan lain saukur dipaké lokal, tapi Présiden ogé maké sarung, nu ngarupakeun ciri has Islam nusantara," pokna Matrius.

Dina kasempetan éta ogé, Rais Suriah PCNU Kabupatén Purwakarta, KH. Abun Bunyamin ngeceskeun, yén santri-santri di Indonésia ayeuna geus hararebat malahan geus teu katinggaleun deui jaman.
"Pihakna, salaku Rais Suriah PCNU Purwakarta ngadugikeun ngahaturkeun rewu-rewu nuhun ka Bupati jeung staké holdér nu geus milu aub tur masihan support langsung kana ieu kagiatan miéling hari santri nasional. Ku mekarn jaman anu sakitu mahabu, kiwari ayana istilah santri milenial, poma teu aya istilah santri kampungan. Malahan loba anak pajabat nu arankna mondok di pasantrén," pokna KH. Abun Bunyamin.
Inyana miharep. Kapayuna masarakat tong nepika ragu-ragu ngirimkeun anakna pikeun nyiar élmu pangaweruh bari jeung mondok di Pesantrén.

"Harepan ka sakabéh masarakat sangkan tong melang anakna lebet ka pasantrén-pasantrén, kulantaran santri ayeuna mah lain saukur diajar agama waé tapi diajar élmu pengetahuan lainna," harepna. (*)


Subscribe to receive free email updates: