WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Hasil OKK di Bogor, 3 Urang Resmi Jadi Anggota PWI Purwakarta

Hasil OKK di Bogor, 3 Urang Resmi Jadi Anggota PWI Purwakarta Tilu calon anggota anu dikirim nyaéta Aik Hakiki, Rafael Cristian ...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Warta ti Ikadi : Orangtua Siswa Kelas 7 - 8 Silaturahmi Jeung Pangurus Ikadi Pusat

Tegalwaru - Warta Sunda Onliné,
Keterangan poto : Ketum IKADI Nasional. Prof. DR. KH. Ahmad Satorié Ismail nalika méré arahan ka Ortu Siswa Kelas 7, 8 *

POÉ, Ahad, ping (8/9), pabeubeurang para orangtua murid siswa IKADI  kelas 7 & 8 taun ajaran 2019 - 2020 SMP Islam Ikadi Kp. Pasirrompang,  Désa Tegalsari,  Kec. Tegalwaru,  Kab.  Purwakarta dikumpulkeun ku panatacalagara. Dina raraga tali silaturahmi jeung pangurus Ikadi Nasional keur mageuhkeun ukuwah ilamiyah.
     Malah mandar, Ketua Umum IKADI Nasional, Prof. DR KH Ahmad Satorie Isma'il, ka Warta Sunda Onliné, Inyana ngeceskeun yén dina riungan jeung orangtua siswa téh,  pihakna uar pangajakna sangkan leuwih percaya ngadidik barudakna ka Ikadi Islamic Bording School Pondok Pesantren Modern Ikadi.
     Dina hal ieu mah, hiji-hijina wangunan Ikadi ponpes ngan ukur di Purwakarta sa-nasional mah. Kasang tukangna aya donatur nu méré bantuan waragad keur kamaslahatan umat, nya ka pihak Ikadi waragadna disalurkeun kalayan ngawujud wangunan Sekolah Menengah Pertama (SMP) Islam katut ayana ponpesna.
     "Sim kuring dipercanten keur ngokolakeun éta waragad, nya di Purwakarta nu kiwari duwangun kakara 40 pérsénan sarana prasarana nu aya. Ku kituna, ayana riungan éta téh, hayu babarengan guyub keur ngaronjatkeun ajén-inajén kaagamaan, malah pihakna mencetak anak didikna teu ningali kana ageman, saperti contona ieu mah ti NU, ti Muhammadiyah jeung nu lianna. Tapi di Ikadi ieu tanpa ngabéda-bédakeun golongan. Engke mun geus réngsé mah, balik deui kana habitatna masing-masing," pokna Pa Profesor.
     Disagedengeun éta, tujuan ikadi dina hal ieu mah ngutamakeun warga setempat, sok sanajan kiwari warga sakuliaheun di éta lembur, orang tuana can aya nu ngasupkeun budakna ka Ikadi.
     Inyana gedé harepan pisan, yén kapayuna ngutamakeun warga lokal husuna anak yatim. "Ngan, aya saratna, nyaéta, santri kudu bisa maca jeung nulis Arab katut ibadah anu leket tur tuhu kana tata tertib di éta sakola.
     Nurutkeun data nu dikumpulkeun ku WSO, yén pihak IKADI Nasional keur Sosialisasi proggres SMP Ikadi dan Kuliah umum pikeun Ortu/Wali murid Siswa.****






















Subscribe to receive free email updates: