WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Hasil OKK di Bogor, 3 Urang Resmi Jadi Anggota PWI Purwakarta

Hasil OKK di Bogor, 3 Urang Resmi Jadi Anggota PWI Purwakarta Tilu calon anggota anu dikirim nyaéta Aik Hakiki, Rafael Cristian ...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Mitra Medar : Bubuka Sapta Lawang


BUBUKA SAPTA LAWANG

Pun sapun ka Hyang Agung
Nu Nyipta Saptaning Dina
Ku Asma Welas tur Asih
Sumebar tresna Sang Maha
Rembes dina rasa urang
Jadi tanaga tohaga 
Pikeun ngalakonan lakon
Nyungsi sajatinging diri
Ngawula ka Maha Yuga

Pun sapun ka Ratu Panungtung
Nabina para Anbiya
Imamna para Satria
Rosul Agung Sang Linuhung

Ogé ka sékésélérna 
Teureuh galeuh trahing Syuhada
Nu lempeng dina jalanNa
Tara incah tina sunah
Angger nangtung
Jadi paseuk jagat liwung

Sholawat sinareng salam
Mugia dilelerkeun sapapaosna

Pun sapun ka Sang Rumuhun
Nu nyakséni laku para buyutputu
Yén kiwari seja ngabumi 
Mtembeyan Hajat Bumi
Nyaliksik lebeting ati
Ngagali Wasiat Majeti
Muka tutungkusan rasa
Sangkan tresna 
Sumebar ka saban rénghap
Jadi darah jadi balung
Jadi pamungpungan lawung

Demi Sapta Warsa nata 
Ditata sangkan permana
Ditata sangkan permana
Jauh tina ketak nirca

Ekawarsa narékah ti manah ka manah
Malah mandar jadi cukang kawaluyaan
Laju ngadegkeun Gerbang Pertala
Uteuk nétra pangrungu, bayu
Amparan lemah, geni tur banyu
Mangkahadé masing hadé
Dina nata, niti, nété

Dwiwarsa ngawangun marga mimitran
Bale sawarga sakasang tukang
Pangauban berkah samanah
Ngaheuyeuk pageuh jeung deudeuh

Triwarsa ngabumi Majeti
Ngaroncé angin jeung héorna
Seuneu jeung gedurna
Cai jeung gulidagna
Taneuh jeung maneuhna
Sangkan lana digjayana

Caturwarsa nyakra lemah
Ngagurat urat munajat
Nitih rintih nyuprih wening galih
Ngagero totowong sédong
Tan katembong ku pelong lolong

Pancawarsa muka dangiang pepernian
Mangsa ngumbah eusi warangka
Susuci ajén wewesén
Sangkan gebur hurung ngempur
Nyaangan papada urang

Satwarsa wayah boboran 
Nembrakeun kasinugrahan
Ngahayap saparakanca
Kadang warga sadayana
Hémpak merbayaksa 
Hémpak saamparan tresna

Ditutup saptaning warsa 
Ngertakeun bumi lamba
Majeti sing nyiki saati sajati
Lain kapling panitih jurig nyiluwuri
Lain paniisan jirim kunti nyisikudi
Majeti loka candradimuka
Nu pinasti bakal ngalahirkeun
Sajatina manusa

Majeti pamrih ajining hakiki
Masing lana digjayana
Bral Majeti Jengkar
Prung Majeti ngapung
Ku Kersana Hyang Agung

Ka karuhun nu ti kidul
Sékésélér palih kalér
Wangsa baraya ti wétan
Soko weweton ti kulon
Kum sakur tangtung nu ngarungrum
Nu ngancik di madhabpapat
Mangka hadir nyumponan pangakir Hempak jati komara tresna

Pangjiadkeun incu putu
Panyambung laku Hyang Buyut
Tatalén simpay mimitran
Seja ngaraksa ngariksa
Sangkan jaya salawasna

Sakitu nu kapihatur 
Sakitu nu kapicatur
Mugi sing jadi ngabukur
Subur ma'mur salelembur
Subur ma'mur salelembur

Amin Ya Robbal 'Alamin
Muga Gusti Nangtayungan

: (Abah Sarjang)

Subscribe to receive free email updates: