Sakolebat Info : Kebon Awi di Blok WK Kahuruan
Kebon Awi Blok WK
"Kahuruan"
Sukatani - Warta Sunda Onliné,
Geus tilu kali kahuruan deui wewengkon Blok WK Kp. Cilalawi RT.08/RW.03 Désa Cianting Utara, Kecamatan Sukatani, Kabupatén Purwakarta akibat halodo panjang nu ngabalukarkeun jukut riut, palapah cau kagaringan tur kebon awi milik Pa Uhri (Alm), jeung H. Dédé, jadi sasaran seuneu nu akibat kuntung rokok nu ngaliwat miceun sembarangan.
Kajadian pabeubeurang poé Rebo (11/9) ba'da lohor. 6 urang petugas Pemadam kebakaran datang langsung kalokasi di Kp. Cilalawi Rt.08/03 Désa Cianting Utara Kecamatan Sukatani, Purwakarta sigap marareuman seneu nu ngabebela katebak angin. Kitu ceuk Siti Marpuah (40) salahsaurang warga nu imahna tinggal sababaraha métér rék jadi sasaran seuneu.
Kajadian ti Jam 13.02 Wib. Pemadam dibantu warga mareuman saaya-aya ku cara maké gebog cau, rokrak tangkal peuteuy keur mareuman seuneu.
Sedengkeun anggota KR 2 Poswil Pléréd, Komandan regu Wawan Gunawan.
Ngabenerkeun ungkara diluhur, malah cara manual sarupaning gebog cau, rokrak pikeun mareuman seneu.
Dina hal ieu, salahsahiji Fire Fither, Cucun Sumitra nu kungsi ngarawuan mayit nu kabeuleum di jalan tol sawatara katukang milu aub ngajinakeun seuneu di barengan komandan regu mareuman seuneu. Pangalaman Cucun. Mogok nginum jeung dahar.
Dina kasempetan éta, Kasubag TU KR 2 Poswil Pléréd, Tatang Rachmat, ngabenerkeun nu dicaritakeun ku Komandan regu anak buahna, ku cara ngayakeun penyekatan sangkan seuneu tong nepika imah warga. Pihakna neda hapunten teu tiasa nedunan mobil KR 2 Poswil Pléréd nuju reksak, pon kitu deui Pos pusat Dinas Pemadam Kebakaran dan Penanggulangan Bencana (DPKPB) mobilna reksak.
Lain halna ceuk Sekcam Sukatani, Hilman Nugeraha. Geus bosén uar pangajakna, ka warga dina pasualan tingkat kesadaran masarakat dina leuwih ningkatkeun kana kawaspadaan dilingkungan masing-masing.
"Tapi kanyataannana mah sabagéan warga lalay, malah nepika aya nu miceun kuntong roko atawa ngahaja dudurukan culjeun teu maliré kana bahayana seuneu. Antukna warga teu tuah dosa nu jadi obyekna." Pokna Pa Sekmat.
Ceuk Sekdés Cianting Utara, Iyan, ngahaminan caritaan Sekmat. Malah, warga jedah waspada tong ngadurukan sembaranga.***