WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Warta Gedung Dewan : Sekretariat DPRD, kadatangan Rengrengan Pangurus katut Anggota PWI Purwakarta

Poto bareng PWI Purwakarta jeung Sekretariat DPRD.* GEDUNG DEWAN -  www.wartasunda.id,- Sekretariat Dewan Perwakilan Rakyat Da...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

WARTA TI JAKARTA : 8 September Miéling HAI


8 September
Miéling HAI
JAKARTA – Warta Sunda Onliné,
K
ementerian Pendidikan dan Kebudayaan (Kemendikbud) magelarkeun saniskara kagiatan Hari Aksara Internasional (HAI) Tingkat Nasional ka-54 timimiti 5 nepika 8 September 2019. Puncak acara éta dilumangsung-keun dina 7 September 2019 di Lapangan Karebosi, Kota Makassar, Sulawesi Selatan.
Miéling éta téh luyu sareng United Nations Educational, Scientific Cultural Organization (UNESCO) nu netepkeun dina tiap ping 8 September minangka Hari Aksara Internasional. Malahan Lembaga PBB ogé taun ayeuna ngareuah-reuah HAI nu téma Literacy and Multilingualism.
Nyoko kana téma UNESCO éta, Kemendikbud ngiring aub téma nasional ku mangrupa “Ragam Budaya Lokal dan Literasi Masyarakat” dina miéling poé aksara internasional di Indonésia 2019. Direktur Pembinaan Pendidikan Keaksaraan dan Kesetaraaan Ditjen PAUD dan Dikmas Kemendikbud Abdul Kahar negeskeun, ngalewatan téma éta pihakna miharep buta aksara di Indonésia bisa dientaskeun ku cara pendekatan persuasife budaya masing-masing daérah.
Ku téma ieu, nu penting ngarojong sangkan buta aksara jadi bagian tina literasi di masarakat. Komo urang mah mibanda budaya jeung basa nu leuwih euyeub sa-nusantara, Minangka tarekah jeung patéah  keur ngaroong literasi, pikeun masarakat sewing-sewangan,” pokna.
Abdul Kahar nambahkeun, yén lima taun ieu, angka buta hurup ngurangan sacara signifikan. Nilik tina mieling HAI 2019, Indonesia jadi nagara percontohan pemberantasan buta huruf. Dina hal ieu mah, luyu jeung Survei Sosial Ekonomi Nasional Badan Pusat Statistik (BPS), yén angka buta aksara di Indonésia turun drastis contohna taun 2017 jumlah penduduk buta aksara di Nusantara ngahontal 3,4 juta jiwa. Terus dina 2018 turun jadi 3,29 juta urang atawa 1,93% ti total populasi penduduk, pokna Abdul Kahar, malahan turun 1,9 juta jiwa.***

Subscribe to receive free email updates: