WARTA TI BOGOR : Gényé, Kesenian Helaran Has Purwakarta Seni Genyé Milu Aub Ngareuah-reuah Milangkala Bogor ka-537
Gényé, Kesenian Helaran
Has Purwakarta
BOGOR – Warta Sunda Onliné,
G
|
ENYÉ téh singketan tina Gerakan Nyéré. Anu marajianana
Deden Guntari Hidayat taun 2009. Mimitina mah loba nu teu narima kana ieu kasenian
téh. Dipokalan ku bupati Purwakarta harita, Dedi Mulyadi, taun 2010, Gényé
dipintonkeun di hareupeun pamaréntah jeung masarakat Purwakarta. Dipikalandep
ku Dedi Mulyadi laju dijadikeun kasenian has Purwakarta.
Kasenian gényé mindeng minton, boh ditingkat lokal, provinsi boh di tingkat
nasional, malah dilélér pangajén, di antarana dua kali juara lomba Pawai Taaruf
MTQ Jabar. Di tingkat nasional milu arak-arakan Festival Kemilau. Kamari di
Ciamis nu keur ngareuah-reuah milangkalana tur ayeuna nu anyar-anyar ieu di
Bogor, gényé salasahii kasenian nu mincut nu lalajo.

Ornamen sapu nyéré ngandung filosafah. Sapu nyéré dipaké meresihan nu
barala atawa nu kotor. Urang ogé kudu meresihan diri, boh lahir boh batin.
Bareto sapu nyéré mindeng dipaké ku kolot keur ngadidik barudakna sangkan
daékkeun ngaji. Beh ditu pisan, sapu nyéré mun dicepretkeun ka unggal juru imah
dipercaya bisa ngusir hal-hal nu goréng.
Ku karancagean Deden Guntari, Tatar Sunda jadi leuwih beunghar ku kasenian
helaran nu unik. Digali jeung
dikembangkeun tina potensi alam nu aya disabudeureunana.

0 Response to "WARTA TI BOGOR : Gényé, Kesenian Helaran Has Purwakarta Seni Genyé Milu Aub Ngareuah-reuah Milangkala Bogor ka-537"
Posting Komentar