WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Warta Gedung Dewan : Sekretariat DPRD, kadatangan Rengrengan Pangurus katut Anggota PWI Purwakarta

Poto bareng PWI Purwakarta jeung Sekretariat DPRD.* GEDUNG DEWAN -  www.wartasunda.id,- Sekretariat Dewan Perwakilan Rakyat Da...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

KEMBANG KATRESNA : Néng Risma Amalia Cita-cita Jadi “POLWAN”


Néng Risma Amalia
Cita-cita Jadi “POLWAN”



PASAWAHANWarta Sunda Onliné,
M
ojang nu alit ieu téh urang Pasawahan milu aub dina kagiatan nu diayakeun ku pihak sakola. Néng Risma Amalia Supriandi Wijaya ngahaja dina acara Paturay Tineung Kelas 6 tur Kenaikan Kelas 1-5 SDN 1 Lebak Anyar Kecamatan Pasawahan Taun Ajaran 2018/2019, néang pangalaman jeung unjuk kabisa dipayuneun tamu ondangan, saperti halna nu janten kolotna hadir dina acara nu sapert kitu.
Dina milu aubna éta kagiatan téh, Néng Risma ogé salaku siswa kelas 6 nu baris neruskeun ka MTs nu caket di wewengkon Lebak Anyar. Minangkan ngetrukeun unjuk pangabisana dina pintonan Jaipongan. Malah mandar tina tiap latihan sok disarengan ku mamahna Sucilawati. “Mung sakitu mamah nu tiasa dipintonkeun.” Kitu ceuk Néng Risma nu dibabarkeun di Purwakarta 14 September 2007 ka Warta Suna Onliné (WSO) dilokasi acara, poé Saptu, (22/6).
Ari sing horéng Néng Risma téh rama pamegetna pakasabanana salaku wartawan di Sunda Midang nu pangaresepna kana tetembangan jeung nari.

Sedengkeun ka pamaos Warta Suna Onliné neda pidu’ana yén nu dicita-citakeunnana téh hoyong janten Polwan. Mugia tiasa tinekanan. Amin.*** Anto S

Subscribe to receive free email updates: