WARTA KULINER, KANDAGA BUDAYA SUNDA : Awug di Tegalnangklak : Kateug dina Régenerasi Mandiri Bari Nikreuh jeung Dikeureuyeuh
Awug
di Tegalnangklak :
Kateug dina Régenerasi
Mandiri
Bari Nikreuh jeung Dikeureuyeuh
“Cirina Tukang Awug di Kampung Tegalnangklak, Bunder Jatiluhur isuk-isuk tuturubun nyorang jalan satapak nu masik kénéh tarahal jalanna, lima urang diantaran jualan nyunyuhun boboko jeung baki ngabring sakelompok jarualan nyampeurkeun pelanggan. Sedengkeun nu nyieunna ngalaman kajayaan 30 urang produksi salembur nyieunan dodongkal/awug antara taun 1970-an”
Warta Kuliner – Warta Sunda Onliné,
“R
|
ÉGENERASI,”
ceuk Imas, salahsaurang tukang nyieun awug di Kampung Tegalnangklak Désa Bunder
Kecamatan Jatiluhur Purwakarta waktu ditepungan ku Galura (8/7). Anu dimaksud
ku ieu turunan ka dua ti tukang nyieunan jajanan has Sunda ti Jatiluhur téh
soal minat entragan ngora nu hayang ancrub nyieunan kaolahan jajanan.
Imas (45) nyebutkeun entragan
ngora di Jatiluhur hususna di Kampung Tegalnangklak RT.21/RW.08 Désa Bunder nu
mikaresep nyieunan kadaharan jajanan urang Sunda, justru ayeuna mah ngan ukur
tilu urang kalebet sim kuring nu pirajieun nyieunan jajanan lembur.
“Dua urang diantarana téh nya pun
uwa, Ma Odah (65) jeung pun biang, Ma Wasih (63) nu masih kénéh nepi ka kiwari
nyieunan kaolahan has Sunda sarupaning Awug atawa di Purwakarta mah nyebutna
dodongkal, surandil jeung dodol,” pokna Imas.
Entragan ngora di Purwakarta,
babakuna di Bunder nu kasohor sentra tukang nyieunan kaolahan has Sunda, ceuk
Imas, harayangeunnana téh jadi pagawé kantoran. Jam kerjana puguh, gajihna
mayeng ngocor unggal bulan. Lian ti éta boga tabungan keur pangsiunan, jeung
lamun dieureunkeun tina pagawéan meunang pesangon.
Henteu katajieun entragan ngora
ancrub babarengan nyarieunan kaolahan jajanan has Sunda, bisa jadi alatan di
Kabupatén Purwakarta jlug-jjleg pabrik badag nu merelukeun pagawé rébuan.
Asupna otomatis asup kana program BPJS tenaga kerja, jaminan sosial keur
sakumna karyawan.kaasup gampang, asal ngantongan ijazah minimal SMA/SLTA.
Gajihna unggal taun naék, sarta
Kira lima taun ka tukang, kantos
didatangan ku lima urang mahasiswa ti Aceh nu ngadon KKN, nanyakeun UKM di
Kampung Tegalnangklak Désa Bunder nu kasohor tina nyieunan dodongkal/awug
antara taun 1960 – 1970-an. Para pengrajin nyieunanana téh beuki nyirorot.
Malahan sakampung mah harita kurang leuwih 30 urang, tapi ayeuna ngan ukur tilu
urang. Pon kitu deui ayeuna kadatangan opat urang mahasiswa UNSIKA ti Karawang
sarua nanyakeun saperti mahasiswa Aceh.
Ceuk Imas nu pakasabanna tukang
nyieun dodongkal bari jeung jualanna diider salembureun Tegalnangklak, lian ti
entragan nu ngora ogé tatanggi nu saumuran téh areraan nyieunan dodongkal.
Padahal ayeuna mah loba nu nawaran nu ngadon pangjualkeun nepi ka kana onliné
sagala mah. “Babakuna mah, nu pesenna ogé téh nepika ratusan awug/dodongkal
jeung dodol tina tiap porsina per dua poé,” pokna.
Najan geus dibibita ogé, nu
katajieun nyieunan awug/dodongkal katut dodol kaitung ku ramo. Baréto mah,
barudak kénéh ogé milu ngabantuan nyarieunan kadaharan jajanan has Sunda. Ti
mimiti ngolah tipung béas dikeueuman dina baskom dua poé tipungna jadi beukah,
ieu nu saé kanggo pi awugeun. Saterusna maruud kalapa katut nyiksikan gula aren
pibahaneun dodongkal nurutan kolot najan sakapeung mah sok ngaganggu. Tapi
kolotna tara barang geureuh. Udaganana supaya haténa bisa nurutan nyieunan
kaolahan jajanan has Sunda.
Inyana tina produksi nyieunan awug
téh, sapoéna aya paling ogé bisa 3 congcot/porsina nu hargana per congcotna Rp.
80.000,- sedengkeun dina modal per congcotna, awug mah wincikanana béas tipung
tilu leter, gula beureum/aren jeung kalapa nya kana Rp. 50.000,-. Sedengkeun
pesenan merul, komo mun nu dilayanan tina onliné mah.
Pa Asép (51) garwana Imas sok
ngabantu ngiderkeun hasil olahan pamajikanana sarupaning deungeun sangu ti
mimiti pais lauk, pais tahu, pais daging hayam kajaba jajanan has Sunda nu
masih dipertahankeun nyatana dodol, awug/dodongkal jeung surandil ditanggung
ngider ka peuntaseun lembur Tegalnangklak.
Nalika diwawancara ku Warta Sunda Onliné, yén Imas téh rék
mikeun saporsi awug/dodongkal pesenan ti Mahasiswa UNSIKA nu geus pesen
saméméhna dua poé katukang. Nya teu kungsi lila nu diarep-arep ku Imas téh
datang. Katingal opat urang mahasiswa nyampeurkeun Bu Imas bari jeung nanyakeun
pesenan téa.
Dina kasempetan éta ogé, Warta Sunda Onliné sakalian
ngawawancaraan salahsaurag mahasiswa UNSIKA nu keur KKN di Kecamatan Jatiluhur
Purwakarta.
Hadi mahasiswa Jurusan Teknik
Mesin Smester 7, tina bahan KKN ngeunaan ekonomi kewirausahaan UMKM, inyana
ngajelaskeun tina panalungtikna téh mindsheet
individu SDM jadi bangbaluh di wewengkon éta, tina masalah permodalan.
Lantaran can aya perhatian anu daria. Pihakna rék ngusulkeun ka pihak staké holder sangkan diayakeun
pelatihan-pelatihan kewirausahaan ekonomi kerakyatan tina ngolah
awug/dodongkal, dodol jeung Surandil nu kungsi melegenda. Sangkan warga di éta
wewengkon raharja ekonomina.*** Anto Sukanto