GALURA, Nomor 8 Taun ka-45, Édisi III Juli 2019 : Pangrajin Awug di Purwakarta Nyirorot Tapi Nikreuh jeung Ngeureuyeuh
Nyirorot
Tapi Nikreuh jeung Ngeureuyeuh
“Cirina
Tukang Awug di Kampung Tegalnangklak, Bunder Jatiluhur isuk-isuk nyorang jalan
satapak nu masih kénéh tarahal. Lima
urang diantaran nyunyuhun boboko jeung baki ngabring nepungan langganan. Ngan
kiwari mah éta tinggal nineungna.
WARTA KORAN GALURA –
Warta Sunda Onliné,
R
|
ÉGENERASI,”
ceuk Imas, 45 taun, salahsaurang tukang nyieun awug di Kampung Tegalnangklak
Désa Bunder Kecamatan Jatiluhur Purwakarta waktu ditepungan ku Galura (8/7).
Anu dimaksud ku ieu turunan ka dua ti tukang nyieunan jajanan has Sunda ti
Jatiluhur téh soal minat entragan ngora nu hayang ancrub nyieunan kaolahan
jajanan.
Imas nyebutkeun di Jatiluhur
hususna di Kampung Tegalnangklak RT.21/RW.08 Désa Bunder nu nyieunan kadaharan jajanan
urang Sunda, ayeuna mah ngan ukur tilu urang kaasup dirina. Dua urang deui, uwana, Ma Odah 65 taun jeung biangna,
Ma Wasih 63 taun. Taun 1960-1970-an mah tukang awug di lemburna aya kana 30
urangna.
Teu
Katajieun
Entragan ngora di Purwakarta,
babakuna di Bunder nu kasohor sentra tukang nyieunan kaolahan has Sunda, ceuk
Imas, harayangeunnana téh jadi pagawé kantoran. Jam kerjana puguh, gajihna
mayeng ngocor unggal bulan. Lian ti éta boga tabungan keur pangsiunan, jeung
lamun dieureunkeun tina pagawéan meunang pesangon.
Henteu katajieun entragan ngora
ancrub nyarieunan kaolahan jajanan has Sunda, bisa jadi alatan di Kabupatén
Purwakarta jlug-jleg pabrik badag nu merelukeun pagawé rébuan. Asupna gampang
asal boga ijazah minimal SMA/SLTA geus jadi
karyawan diilukeun kana program BPJS tenaga kerja. Gajihna unggal taun
naék. Jongjon asal getol gawé.
Ceuk Imas, pakasabanna nyieunan
awug nu di Purwakarta mah disebut dodongkal bari jeung jualanna diider
salembureun Tegalnangklak, teu matak mincut masarakat, babakuna entragan ngora.
Padahal ayeuna mah loba nu nawaran rék ngadon mangjualkeun dina onliné sagala.
“Dua poé sakali, anu pesen dodongkal sareng dodol tepika ratusan,” pokna.
Imas nyieunan awug téh sapopoéna
paling ogé comgcot. Hargana Rp. 80 rebu,
modalna kana Rp. 50 rebu : béas tipung tilu leter, gula beureum jeung kalapa. “Pesenan
merul, komo mun nu ngaladénan tina onliné mah,” pokna. Imas ogé sok nyieunan
surandil, dodol jeung rupa-rupa deungeun sangu, pais lauk, pais tahu, jeung
pais daging hayam.
Najan geus dibibita ogé, nu
katajieun nyieunan dodongkal, dodol, surandil, kaitung ku ramo. Baréto mah,
barudak kénéh ogé milu ngabantuan. Ti mimiti ngolah tipung béas dikeueuman dina
baskom dua poé tipungna jadi beukah, marud kalapa jeung nyiksikan gula kawung
jeung sajabana. Malah mun keur ngiderkeunana ogé mindeng mimilu.
Modal
Kurang
Hadi. mahasiswa teknik mesin smester
7 Unsika Karawang nu keur kuliah kerja nyata (KKN) Kecamatan Jatiluhur
Purwakarta nyebutkeun pangna nu nyarieunan awug jeung kadaharan has lembur
séjénna beuki nyirorot téh alatan pola pikir nu geus robah. Dianggap henteu
mibanda gengsi, teu kawas digawé di pabrik, padahal tina awug bisa diandelkeun.
“Mainsheet ieu kedah dirobih,”
ceuk Hadi. Orientasi entragan ngora ulah ngan ukur hayang digawé di kantor
atawa di pabrik tapi kumaha carana bisa wiraswasta, bisa muka lowongan
pagawéan. Supaya katajieun entragan ngora soal modal perlu diperhatikeun. “Leresan
modal kanggo pangrajin kadaharan lembur acan aya perhatian nu daria.
Hadi ngusulkeun sangkan digelar
pelatihan-pelatihan kewirausahaan ekonomi kerakyatan tina ngolah awug, dodol,
jeung surandil. Babakuna dina lebah kemasanana: kumaha carana sangkan leuwih matak
katajieun nu rék meuli, henteu sahinasna. “Simkuring gedé harepan, jajanan
atanapi kaolahan lembur prospékna saé,” pokna.***