WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Hasil OKK di Bogor, 3 Urang Resmi Jadi Anggota PWI Purwakarta

Hasil OKK di Bogor, 3 Urang Resmi Jadi Anggota PWI Purwakarta Tilu calon anggota anu dikirim nyaéta Aik Hakiki, Rafael Cristian ...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

WARTA TI DISPORAPARBUD_PWK : Ceuk Kabid Kepemudaan : Para Nonoman Kudu Bisa Berwiraswasta


Ceuk Kabid Kepemudaan :
Para Nonoman Kudu Bisa Berwiraswasta

DISPORAPARBUD – Warta Sunda Onliné,
P
ara nonoman di Kabupatén Purwakarta diwanohkeun ku Dinas Pemuda dan Olahraga Pariwisata Dan Budaya (Disporaparbud) kana sosialisasi financial technology (fintech) nu kiwari mahabu di Indonésia. Dina pagelaran Fintektok: Pengenalan Fintek dan Manfaatnya Bagi Masyarakat, di Aula Disporaparbud Kabupatén Purwakarta.
“Ku kituna ieu perlu diayakeun sosialisasi jeung edukasi ka masarakat, hususna generasi milenial ngeunaan ngamangpaatkeun teknologi saperti halna teknologi keuangan atawa fintech nu makin mahabu,” kitu ceuk Kabid Kepemudaan di Disporaparbud Kabupatén Purwakarta, Ahmad Arif Immamulhaq ka Warta Sunda Onliné, Juma’ah (19/7) di kantorna.
Para nonoman kudu dirojong sangkan diajar mandiri komo nepi ka wiraswasta mah. Lantaran ieu tarékah jeung patéah dina kagiatan nu lumangsung “Talkshow FinTekTok”. Ceuk Kabid Kepemudaan, yén lian ti “Talkshow FinTekTok” ogé digelar Seminar Pemuda Berpréstasi Purwakarta. “Pamilonna generasi anu ngora aya kana 200 urang ti berbagai SMA/SMK nu aya di Purwakarta,” pokna Arif.
Acara éta diroong ti OJK jeung Asosiasi Fintech Pendanaan bersama Indonesia (AFPI) nu tujuanana méré kaélmuan edukasi jeung sosialisasi hususnya ka masarakat Purwakarta ngeunaan mekarna teknologi di bidang keuangan, produk-produkna, jeung kumaha praktekna di masarakat.
Dina hal ieu mah, para nonoman geus waktuna singkil pikeun mawa komara dina ngamangpaatkeun teknologi anu tepat sasaran, beredukasi, berekspresi, berimpropisasi pikeun makalangan mekarna jaman. “Ngan entong nepika mopohokeun tradisi-tradisi baheula dina ajén-inajén kaagamaan,” pokna Arif.
Dina jumpa pers, pihak nara sumber Asri Anjasari perwakilan cashwagon ngeceskeun yén acara nu saperti kitu téh lumangsung di berbagai kota di Indonésia, saperti Jakarta, Purwakarta, Bogor, Semarang, Lombok, Bali nepika Makassar. Kiwari event Fintektok geus nincak kana gelaran ke-8.
Lian ti éta, pihakna gawé bareng sareng ti Event Manager Fintektok, nu dikomandoan ku Adri Meihendra Widyanto katut gawé bareng ogé jeung Media Fintektok Indonésia.
“Ngan, nu jadi bangbaluh tina program Fintech Pendanaan, para klienna sok loba ngeluh, alatan ieu nu jadi emutan kapayuna. Tapi tetep pihakna koordinasi sareng pihak jasa telekomunikasi atawa selular pikeun ngalengkepan pemancar atanapi satelit keur wewengkon nu can ka angkaun,” pokna Asri mungkas jumpa pers ka awak media dilokasi acara.
Ceuk salahsaurang pamilon, M. Arif Alfiansyah (Siswa SMAN Jatiluhur) kelas XI IPA-1, ngarasa reueus ku ayana pencerahan ngeunaan kaélmuan tina ieu acara. Malah mandar nepika kabita jualan onliné. “Pidu’ana sangkan tinekanan sabada rengse sakola,” pokna.***

Subscribe to receive free email updates: