WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Hasil OKK di Bogor, 3 Urang Resmi Jadi Anggota PWI Purwakarta

Hasil OKK di Bogor, 3 Urang Resmi Jadi Anggota PWI Purwakarta Tilu calon anggota anu dikirim nyaéta Aik Hakiki, Rafael Cristian ...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

WARTA ATIKAN TI DISDIK : Uar Pangajak Kadisdik Poéan Kahiji tina Pentingna Bebersih


Uar Pangajak Kadisdik
Poéan Kahiji tina Pentingna Bebersih
WARTA ATIKAN - Warta Sunda Onliné,
P
OÉ-an kahiji barudak asup sakola, Dinas Pendidikan Kabupatén Purwakarta miharep ka sakumna juru atik di tingkat SD katut SMP ngabagéakeun para siswa-siswina, Senen (15/7).

Nurutkeun Kepala Dinas Pendidikan Kabupatén Purwakarta, H. Purwanto, M.Pd. dina hal ieu mah yén tugas para guru pikeun nangtukeun hasil jeung henteuna proses belajar-mengajar di sakola. Anapon kitu, inyana umajak ka para orangtua siswa pikeun nyiptakeun ekosistem pendidikan nu kondusif keur generasi bangsa. Malah mandar sinergi nu hadé antara sakola, orang tua katut masarakat.
"Dina poéan kahiji sakola ieu téh jadi orientasi pikeun mapag persiapan Masa Pengenalan Lingkungan Sekolah (MPLS) poé isukan (Selasa, 16/7/2019). Ku kituna MPLS téh kosentrasikeun kana upaya mersihan runtah palastik jeung fasilitas-fasilitas publik nu lainna," pokna Purwanto ka Wartawan di lingkungan Pemkab Purwakarta, Senin (15/7/2019).

Masih ceuk Pa Kadisdik, “kumaha carana sangkan barudak (para siswa-siswi) faham kana pentingna tina runtah palastik tong nepi ka nambru amarayah, kulantaran runtah palastik mah mang taun-taun teruraina. Komo sok katingali di unggal gang, sakola jeung buruan perkantoran nu miceun runtah sangeunahna,” pokna.
Harepan Purwanto, tina MPLS éta téh, tarékah jeung patéahna dina gerakan bebersih di lingkungan sakolana sewang-sewangan.

Malah mandar barudak nepika turun langsung nu disarengan guru katut kepala sekolah paheuyeuk-heuyeuk bebersih disakolana sewang-sewangan.
Dina kasempetan éta, Warta Sunda Onliné, langsung ngamonitoring di salahsahiji SDN 1 Gunung Héjo Kecamatan Darangdan, katémbong barudak nu dibaturan guru-guruna mersihan lingkungan sakola.
Lain halna deui di MI Al-Muhajirin Kampus Sukatani, para orang tua siswa ngalanteurkeun barudak hususna kelas hiji asup ka sakola nu masih kénéh can kenal jeung babaturanana pon kitu deu can apal kaayaan lingkungan sakola bohna ruangan tempat keur dialajar.
Sedengkeun di SDN 2 Sukatani mah, kitu deui sarua barudakna diwanohkeun kana lingkungan sakola.  Ngan saméméhna barudak dibariskeun di buruan sakola nu disaksian ku para orang tua na sewang-sewangan.
Keur tingkatan barudak SD mah, hususna ngawanohkeun MPLS mah teu jiga ditingkatan SMP pon SMA mah, barudakna geus harideng. Ari barudak kelas hiji SD mah, nu masih perlu perhatian guruna.***


Subscribe to receive free email updates: