WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Hasil OKK di Bogor, 3 Urang Resmi Jadi Anggota PWI Purwakarta

Hasil OKK di Bogor, 3 Urang Resmi Jadi Anggota PWI Purwakarta Tilu calon anggota anu dikirim nyaéta Aik Hakiki, Rafael Cristian ...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

WARTA ATIKAN TI DARANGDAN : SMPN 4 Darangdan Tatanén Bari Ngipuk Karakter Siswa


SMPN 4 Darangdan
Tatanén Bari Ngipuk Karakter Siswa

Keterangan Poto :

Pelak pakcoy di sabudeureun saung literasi SMPN 4 Darangdan
Hasil panén pakcoy nu dibagikeun kalayan haratis ka barudak


WARTA ATIKAN TI DARANGDAN – Warta Sunda Onliné,
M
ANGSA istirahat, di pipir wangunan SMPN 4 Darangdan Kabupatén Purwakarta, barudak obyag ngareusian cangkang plastik urut wadah inuman ku taneuh kompos. Cangkang plastik urut cai mineral téh tuluy digantung-gantungkeun dina paku nu aya di sabudeureun wangunan sakola. Sanggeus kitu aya siswa anu ngarintah-rintahkeun binih pakcoy tina tempat pangipukan kana wadah plastik téa.
Sawaréh deui barudak téh ngabolongan cangkang plastik tuluy ditiiran maké tambang leutik. Awéwé lalaki guyub sauyunan, digawé babarengan bari sempal guyon ilaharna barudak nu keur arulin.
 Basa “Warta Sunda Onliné” datang Kemis (20/6/2019) téh nu pangheulana mapag kepala sekolah. Teu bireuk deui, Kang Agus Mulyana, M.Pd. pupuhu manten MGMP basa Sunda SMP Kabupatén Purwakarta, anu sering mokalan jeung ngokolakeun rupaning kagiatan kasundaan di Purwakarta. Malah taun 90-an mah anjeunna sering nulis serial “Si Bedegong” di Tabloid “Galura”.

Basa dikolongan ngeunaan kagiatan barudak marelak pakcoy, anjeunna ngawaler, “Ngahaja barudak téh dibiasakeun kana tatanén, sangkan boga tanggung jawab ti mimiti nyieun wadah pamelakan, ngipuk, melak, nyébor, nepi ka panénna. Tujuanana sajaba ti keur mindahkeun kabiasaan ngagugulung HP, ogé nu utamana mah ngipuk karakter sangkan atikan di sakola aya mangpaatna keur kahirupan jaga di masarakat.”
Pikeun SMPN 4 Darangdan mah, widang tatanén téh mangrupa salasahiji kagiatan ekstrakurikuler nu dikokolakeun kalayan daria. Tina 535 siswa di ieu sakola, ampir satengahna milih ekskul tatanén. Nu dipelakna rupa-rupa, aya pakcoy, kangkung, saladah bokor,  jeung kacang panjang. Nu leuwih unikna, saung literasi di ieu sakola, sakurilingna pinuh ku tangkal pakcoy, anu saliwat mah siga kembang anu digantung-gantung.
Hasil panénna, sajaba ti dibagikan kalayan haratis ka barudak nu marelakna, ka hareupna mah rék dijual ka warung-warung di sabudeureun Désa Pasirangin jeung pasar Bojong. Duit kauntungan hasil tatanén bisa dibeulikeun buku pikeun ngeuyeuban pabukon di saung literasi.
Ketua OSIS, Muhammad Ilham Maulana némbongkeun kareueus jeung pangaresepna kana widang tatanén. “Réngsé sakola téh janten males uih, betah di sakola ngurus pepelakan,” pokna dihaminan ku babaturanana nu sarua kelas 8.
Jadi tétéla, ngipuk karakter budak téh teu ngan saukur di jero kelas wungkul. Ngaliwatan pepelakan ogé bisa, malah katempona leuwih teleb keuna kana mamaras rasa, sabab didinya aya pangaresep jeung tanggung jawab anu dikamalirkeun, nu tan katempo ku panon lahir.*** (ANTO)

Subscribe to receive free email updates: