KANDAGA BUDAYA SUNDA : Meja Titingal Ua-Walanda Mugen di Ruangan, Ngan Ukur Gusar-geser
Mugen
di Ruangan, Ngan Ukur Gusar-geser
PLÉRÉD – Warta Sunda Onliné,
G
|
eus
ilaharna mun ngadegna hiji pangwangunan tangtu dilengkepan sapuratina kabutuhan
keur nu ngeusi hiji bangunan. Taun 1990-an ayana kantor cabang dinas pendidikan
jeung dikbud. Tangtu di unggal kecamatanna ogé ngaradeg keur ngalayanan warga
atikan dina mencerdaskan bangsa. Saperti halna di Kecamatan Pléréd nu ngaran
kantorna harita ngaran Kantor Cabang Dinas Pendidikan (KCD). kaperluan keur nu
ngantor disadiaan meja keur nu ngeusina. Malah mandar mejana ogé bahan tina
jati.

Nepika ayeuna banda titingal
Ua-Walanda (opat meja bahanna tina jati) masih utuh di kieuna kajaba umurna
geus kolot milu ngantengkeun ngawawaas para pupuhuna dina ngajabat di
ruanganana.
Feri nambahkeun omongan kolotna
salaku setap nu pangsiun taun 2016, yén ngadegna wangunan ieu kantor téh ti
taun 1990, malah pupuhuna ogé geus sababaraha urang ganti saperti ti mimiti Pa
Endang PR teras ka Pa Nandang, Pa Dudu, Pa Iking, Pa Nasrun.
Ngan tepika Bu Hj. Nining
ngaran kantorna robah jadi UPTD Pembinaan TK/SD & PLS Kecamatan Pléréd
dipupuhuanna. Diteraskeun PLT na ku Pa H. Tajudin Noor (katelahna Pa Haji
Nanang), teras ku Pa Haji Oban. Sedengkeun gentos ku Pa R. Deni Gunawan mah
ngaran kantor téh jadi UPTD Pendidkan Pemuda & Olahraga Kabupatén
Purwakarta Kecamatan Pléréd nepika ka H. Rohaémi.
Masih ceuk Feri nu ngahonor ti
taun 2003 jaman Pa Nasrun, ngeceskeun leuwih anteb, “yén nepika Bu Hj. Nunuy UPTD Pendidkan Pemuda & Olahraga Kabupatén
Purwakarta Kecamatan Pléréd téh ganti deui nepika UPTD Pendidikan Kecamatan
Pléréd.”
Hj. Nunuy Nurhayati, S.Pd, MM ngamupuhuan
téh nepika ayeuna ngaran kantor ku ayana kawijakan pamaréntah pusat ngeunaan
Pedoman Pembentukan dan Klasifikasi Cabang Dinas dan Unit Pelaksana Teknis
Daérah dilikuidasi jadi Korwil di tiap kecamatan. Nya ngaran kantorna téh
ayeuna mah Korwil Dinas Pendidikan Kabupatén Purwakarta nu kaleresan Kecamatan
Pléréd mah ngahiji korwilna jeung Kecamatan Sukatani jadi Korwil VIII Dinas
Pendidikan Kabupatén Purwakarta. Kantor korwil éta téh tingal ngantosan nu
mupuhuan salaku pupuhu Korwil.
Lain halna ceuk H. Sunarya ka
WSO ngajelaskeun yén dirina nu ngamimitian jadi Guru di Kecamatan Pléréd ti
taun 1980-an, ngabenerkeun carita Feri setapna dina ngaguar lalakon kantorna.
Sedengkeun nurutkeun data nu
dikumpulkeun ku Warta Sunda Onliné, yén di 17 Kecamatan di Purwakarta sarua waé
robah ngaran tur diciutkeun jaradi korwil.
Husus di Korwil Kecamatan
Pléréd nu ngeusi éta kantor téh ayeuna mah ngan ukur Fei Feriasnyah salaku
Pengelola Kepegawaian, Mahpudin Pengelola BOS sarta Endang Suparman (senior
setap) Pengelola Aset. Sedengkeun Pengawas SD tilu urang ngawengku diantarana
H. Dedi Kusnadi, S.Pd, H. Djunaédi, S.Pd sarta H. Sunarya, S.Pd, M.Pd, ari
Pengawas TK saurang Ahmad Taufik Rahman,
Pengawas Olahraga saurang Entis Sutisna, S.Pd.***