WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Hendry jeung Zulmansyah Satuju Kongrés Persatuan PWI Dilaksanakeun Paling Elat Agustus 2025

Hendry jeung Zulmansyah Satuju Kongrés Persatuan PWI Dilaksanakeun Paling lambat Agustus 2025 JAKARTA - Ahirna konflik antara Pe...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

WARTA ATIKAN TI BEKASI - Kamonésan SDN Bojongmanggu 02 Ngadamel Eco Break Tina Limbah Palastik

Kamonésan SDN Bojongmanggu 02 Ngadamel Eco Break Tina Limbah Palastik

BEKASI – Warta Sunda Onliné,
S
akumaha urang apal, yén palastik téh salah sahiji jenis runtah nu hésé ancur tur ngaruksak kasuburan taneuh. Kukituna, sangkan palastik teu jadi numpuk di jarian atanapi di walungan, SDN Bojongmangu 02 Kacamatan Bojongmangu, Kabupatén Bekasi, tos sataun ieu gaduh program ngadamel Eco Break.
Carana, barudak di bumina dipiwarang ngempelkeun palastik tilas balanja sangkan ulah dipiceun atanapi diduruk, tapi dilebetkeun kana botol cai mineral dugi ka padet. Tah, botol eusi palastik éta téh dikempelkeun di sakola, anu saterasna dimangpaatkeun pikeun ngajagaan taneuh di sisi taman. Malah kantos ogé botol-botol éta dihijikeun dianggo tempat calik. Salian ti palastik tilas balanja, palastik tilas jajan es ogé sami ulah dipiceun, tapi dipiwarang diwasuh teras digaringkeun.
Tangtos wéh hal ieu téh sateuacanna didugikeun ogé ka sepuhna murangkalih, supados nyambung tur ngadukung program sakola. Sanaos kitu, namina gé murangkalih, dina ngalaksanakeun program éta téh kedah waé ditagih, tur teu sadaya siswa rutin ngempelkeun.
Salasa, 05 Maret 2019, guru-guru SDN Bojongmangu 02 ngajak murangkalih sangkan ngadamel Eco Break langsung di sakola. Alhamdulillah, barudak kalintang suhud. Sadaya murangkalih nyarandak palastik nu mémang tos dikempelkeun di bumina séwang-séwang, tur sasarengan ngadamel Èco Break di sakola.***



Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "WARTA ATIKAN TI BEKASI - Kamonésan SDN Bojongmanggu 02 Ngadamel Eco Break Tina Limbah Palastik"

Posting Komentar