WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Bener Henteuna : Dalih SMK TARUNA SAKTI Purwakarta Nahan Ijzah Alumni???

Bener Henteuna : Dalih SMK TARUNA SAKTI Purwakarta Nahan Ijazah Alumni??? PURWAKARTA - www.wartasunda.id     "Larangan pamaréntah ka l...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

WARTA TI SUBANG - Ketua DPRD Kabupatén Subang : Ir. Beni Rudiono


Ketua DPRD Kabupatén Subang : Ir. Beni Rudiono 
"Rék Nyalurkeun Korsi Plastik Keur Mapag Pemilu 2019 di Kp. Cigambarsari"



SUBANG – Warta Sunda Onliné,

K
AMPUNG Cigambar Sari RT.025/RW.002 Désa Lengkong Kecamatan Cipeundeuy Kabupatén Subang, poé Saptu (19/1) kadongdonan Ketua DPRD Kabupatén Subang, Ir. Beni Rudiono, nalika kunjungan kerja.

Dirina ngadongdon ka éta wewengkon, kulantaran geus sababaraha kali. Ayeuna mah hayang apal kaayaan kampung saméméh Perkebunan Jalupang. Malah mandar di éta kampung téh, wargana rata-rata karyawan jeung buruh perkebunan nu jumlahna Jumlah KK 113, sa RW-eun. Kitu ceuk Iing Iskandar (56) salah saurang pagawé di PT. PN VIII Kebun Jalupang ka Warta Sunda Onliné.
Ceuk Iing, yén kadongkapan Pa Beni téh langsung nyuhunkeun paménta langsung ka anggota dewan nu masih jeneng. Meungpeung ka dieu, miharep yén dina Pemilihan Pilprés jeung Pileg. Di Posko ieu téh kakirangan sarana prasarana kalebet teu gaduh mangku/korsi keur tiap pertemuan. Saperti halna ayeuna dongdonan Pa Beni dina kaayaan serba darurat teu bisa nyugemakeun dina diuk-diuk acan.
“Mugia pamundut éta téh tiasa kalaksana, lantaran penting pisan keur urusan riungan jeung para warga,” pokna Iing.
Lain deui ceuk, Agan (18) salaku pemuda di éta wewengkon, sarana lapang nu aya téh hoyong di kasepan alias dioméan sakumaha mistina luyu jeung olahraga nu ideal. “Ngarah barudak nu resep olahraga lian ti maén bal oge tiasa keur sarana olah raga nu lain,” pokna Agan.

Sedengkeun ceuk Yani (49) ngawakilan ibu-ibu, inyana ngarasa kabantu ku Pa Beni nu parantos merjuangkeun pikeun identitas warga saperti halna ngamudahkeun urusan KK, KTP jeung urusan nu lain pangbutuh persuratan.
Dina kasempetan éta ogé, Ketua DPRD Kabupatén Subang, Ir. Beni Rudiono (PDI Perjuangan), nitenan keluhan warga insya Alloh rék nedunan. “Ngan dina waktu deukeut ieu mah rék nyiapkeun Bangku/Korsi Palastik pikeun mapag pemilu 2019,” pokna.***


Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "WARTA TI SUBANG - Ketua DPRD Kabupatén Subang : Ir. Beni Rudiono "

Posting Komentar