WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Bener Henteuna : Dalih SMK TARUNA SAKTI Purwakarta Nahan Ijzah Alumni???

Bener Henteuna : Dalih SMK TARUNA SAKTI Purwakarta Nahan Ijazah Alumni??? PURWAKARTA - www.wartasunda.id     "Larangan pamaréntah ka l...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

WARTA ATIKAN - SDN SUKADAMI - NARGETKEUN BULU TANGKIS jeung QASIDAH


SDN SUKADAMI :
MAPAG GEBYAR KRÉATIFIAS SISWA
NARGETKEUN BULU TANGKIS jeung QASIDAH
Kepala SDN Sukadami, Bunyamin, S.Pd

WANAYASA – Warta Sunda Onliné,
S
DN Sukadami Kecamatan Wanayasa, Kabupatén Purwakarta, Jawa Barat. Dina raraga Mapag Gebyar Kréatifitas Siswa SD Sa-Wanayasa, ceuk Kepala SDN Sukadami, Bunyamin, S.Pd nalika tepung lawung jeung Warta Sunda Onliné di sakolana (21/1), pihakna rék nargetkeun medali 5 Emas, 5 Perak jeung 1 Perunggu. Luyu jeung kamampuhan barudak dina unjuk kabisa.
Malah mandar nu langkung anteb ditargetkeun téh dina widang Cabang Olah Raga Bulu Tangkis Putri nu jadi andelan keur mapag Olimpiade Olahraga Siswa Nasional (O2SN) sarta widang keagamaan Sapta Lomba PAI dina widang Qasidah. “dua widang éta nu janten target rengrengan juru atik SDN Sukdami sareng sim kuring,” pokna Kasek.
Dua widang éta téh, nitenan barudak nu tos katingal nyaéta rata-rata siswa kelas 5 diantarana Néng Marwah taun 2018 kamari mah Juara ka-2 Bulu Tangkis Putri. “Tah taun ayeuna mah, mugia tinekanan janten juara ka-1 di Tingkat Kecamatan Wanayasa, poma ka Tingkat Kabupatén mah,” pokna guru olahraga manten.   
Sedengkeun dina widang Qasidah ogé, sami taun kamari Juara-2, anapon kitu miharep Juara-1 Tingkat Kecamatan jeung Kabupatén taun ieu mah.
Sedengkeun ancer-ancer lomba Gebyar Kréatifitas Siswa SD Sa-Wanayasa dina ping 11, 12 jeung 13 Pébruari nu bakal datang nu baris lumangsung di Lapangan Babakan Kecamatan Wanayasa.
Kajaba ti éta, taun 2018 kamari mah SDDN Sukadami Juara ka-2 n ngawengku Juara Bulu Tangkis, Pantomim, Qasidah, Seni Tari Daérah.

Inyana, ngarumaoskeun yén nu janten bangbaluh pikeun ngahontal pikeun préstasi ka Tingkat Nasional téh. “Kulantaran teu ayana pelatih nu husus. Tapi mun seug aya, tangtu tiasa ngukir préstasi ka Tingkat Provinsi jeung Nasional,” pokna Bunyamin bari mungkas wangkongan.***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "WARTA ATIKAN - SDN SUKADAMI - NARGETKEUN BULU TANGKIS jeung QASIDAH"

Posting Komentar