WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Warta Gedung Dewan : Sekretariat DPRD, kadatangan Rengrengan Pangurus katut Anggota PWI Purwakarta

Poto bareng PWI Purwakarta jeung Sekretariat DPRD.* GEDUNG DEWAN -  www.wartasunda.id,- Sekretariat Dewan Perwakilan Rakyat Da...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Musabab Hujan Waé Beus Bima Suci Neunggar Lintasam Guadril di KM-71 TOL CIPULARANG

Musabab Hujan Waé 
Beus Bima Suci Neunggar Lintasam Guadril 
di KM-71 TOL CIPULARANG



"Akibat kacilakaan eta, 4 urang tilar dunya, 26 Urang Luka Berat jeung Ringan"

TOL CIPULARANG - Warta Sunda Onliné
R
ajapati nu lumangsung TOL CIPULARANG KM.71 Kawasan Kabupaten Purwakarta, Jawa Barat,  Mobil beus Bima Suci/Arimbi nabrak lintasan guadrill pembatas kenca jalan. Ieu kajadian lumangsung poé Senen (28/1/2019) kira jam satengah hiji beurang.
Dumasar kana hasil panitén pihak kapulisian, kacilakaan tunggal bus Hino Bima Suci No Pol A 7520 CS. Kacilakaan éta téh lumangsung alatan mobil beus ti Bandung ka Jakarta keur leuwih teuing nyokot jalan kénca.

“Kanggé samentawis mah, luyu sareng akuan supir, Hino Beus téh asalna supir ngagunakeun jalur lempeng, tapi teu kungsi lila oléng ka kénca. lantaran jalan leueur, nya nabrak lintasan guadrill pembatas kénca jalan.
“Akibat tins kajadian kacilakaan lalu lintas éta 4 urang tilar dunya di TKP jeung 26 urang luka beurat jeung ringan, kalih ti éta 3 urang nu kungsi dirawat téh tilar dinya di rumah sakit,” pokna Kapolres Purwakarta AKBP Twedi AB, Senen (28/1/2019).
Sakabéh korban di bawa ka RS Siloam, RS Thamrin jeung RS Ramahadi Purwakarta. Sedengkeun kendaraan bus ruksak parna.***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Musabab Hujan Waé Beus Bima Suci Neunggar Lintasam Guadril di KM-71 TOL CIPULARANG"

Posting Komentar