WARTA TI SAKOLA
PESTA DEMOKRASI PEMILIHAN OSIS
DI SMPN 1 PURWAKARTA
Warta Sunda Online,
Ratusan Siswa SMP Negeri 1 Purwakarta ngayakeun pesta demokrasi
pemilihan calon Ketua Organisasi Intra Sekolah (OSIS) periode 2018/2019, Senen
(10/12/2018).
Acara lumangsung di lapangan sakola, Kelurahan Nagri Kidul, Kacamatan
Purwakarta, lumangsung kawas jiga Pemilihan Umum.
Malah mandar pamilonna aya dua pasang kandidat, calon ketua jeung
wakil ketua Osis.
Dua diantarana nyaéta, Nomor 1 pasangan Yaris Maulana Kelas
8E jeung Fahmi Wisnu Kelas 8C, Nomor 2 pasangan David Givano H Kelas 8D jeung
Irham Akbar R. Kelas 8J.
Saencan pencoblosan, Wakil Kepala SMP Negeri 1 Purwakarta Bidang
Kesiswaaan Raden Juliadi, M.Kom miharep kontestan nu milu milih téh sangkan narima
hasil tina penghitungan sora.
"Inyana ogé miharep para kandidat nu tanding téh bisa narima
naon waé hasil tina pemilihan OSIS, pon kitu deui hasil tina pemilihan OSIS ieu
téh jadi conto keur babaturanana," pokna.***
0 Response to "WARTA TI SAKOLA"
Posting Komentar