WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Ade Jo Sukses Ngorbitkeun Adi Kurniawan Tarigan Jadi Ketua PWI 2025-2028

PURWAKARTA - www.wartasunda.id,-   Ngangkat harkat darajat hiji jalma teu sagampang malikeun dampal leungeun. Tapi ku kayakinan jeung kar...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

WARTA TI JATILUHUR

MILANGKALA PGRI & HARI GURU
GEUS LEKASAN

R
INNEKA Kagiatan Cabang PGRI Jatiluhur geus lekasan, malihan ku ditutupna acara Milangkala Hari Guru Nasional ka-24 tur PGRI ka-73 di SMAN 1 Jatiluhur ku lumangsungna acara Muludan jeung Pembagian Piala.
Antukna ratusan anggota Cabang PGRI Jatiluhur haladir pikeun nyaksian pembagian Juara Perlombaan Porseni, saperti diantarana Lomba Voly Ball Putra Juara ka-1 Gugus Bunder,  Juara ka-2 Gugus Industri, Juara ka-3 Gugus Juanda. Voly Ball Putri Juara ka-1 SMAN 1 Jatiluhur,  Juara ka-2 Gugus Parakanlima, Juara ka-3 Gugus Cikao Bandung.

Lomba Bulu Tangkis Putra Juara ka-1 SMAN 1 Jatiluhur,  Juara ka-2 SMPN 1 Jatiluhur, Juara ka-3 Bunder.
Lomba Catur Putra Juara ka-1 SMPN 1 Jatiluhur (Suprihatno, S.Pd), Juara ka-2 Industri (Wahyudin, S.Pd), Juara ka-3 SMAN 1 Jatiluhur.

Lomba Tenis Meja Putra Juara ka-1 SMAN 1 Jatiluhur (H. Paja, S.Ag, M.Pd.I), Juara ka-2 SDN 3 Cibinong (Hasan, S.Pd) Juara ka-3 SDN Cikao Bandung.
Lomba Menyanyi Solo Putra Juara ka-1 SDN 1 Bunder (Ganjar, S.Pd), Juara ka-2 SMKN 1 Jatiluhur (Uman Gunawan, S.Pd), Juara ka-3 SMPN 1 Jatiluhur (Riyan Dhika Hidayat, S.Pd).
Lomba Menyanyi Solo Putri Juara ka-1 SMPN 1 Jatiluhur (Hj. Tién Apiatin, S.Pd.I), Juara ka-2 SDN 3 Cisalada  (Métty Amelia M, S.Pd), Juara ka-3 SDN 3 Cikao Bandung (Rumini, S.Pd).
Pasanggiri Pupuh  Juara ka-1 SDN 1 Bunder (Ganjar, S.Pd), Juara ka-2 SDN 3 Cisalada (Uman Gunawan, S.Pd), Juara ka-3 SDN 3 Cikao Bandung (Rumini, S.Pd).
Lomba-lomba nu saperti kitu téh geus lumangsung ti bulan Oktober mula nepi kamari Desember tug dugika ayeuna ditutup ku acara Sukuran Maulid Nabi Muhammad SAW 1440 H. Kitu ceuk Yusup Saéfulloh, S.Pd nalika sabada acara di SMAN 1 Jatiluhur, (11/12).

Dina kasempetan éta, Ketua PD II PGRI Kabupatén Purwakarta, H.M. Ramita N, S.Pd, M.Pd, dina peupeujeuhna yén ka anggotana sanajan dina acara muludan éta pas pareum lampu alias aliran, tapi tong dijadikeun aral atawa putus asa. Tarimakeun waé, rék aya atawa teu aya listrik, mun dina biantarana gogorowokan tanpa maké sound system ogé, teu jadi masalah. Katingal ti mimiti acara dibuka nu dipandu ku panatacalagara nepika sim kuring biantara pas aliran listrik. “Mudah-mudahan mah nepika ajengan ti Cipeundeuy Subang nu masihan tausiahna, sound system na aya. Nya teu kungsi lila, aya Genset,” pokna.
Lain deui ceuk, Kepala SMAN 1 Jatiluhur, Jajajang Koswara, M.Si, pihak na ngarasa reueus yén tempatna dijadikeun puseur dayeuh kagiatan saperti halna Kagiatan “Peringatan Maulid Nabi Muhammad SAW 1440 H, sakalian Penutupan Rangkaian Kegiatan Hri Ulang Tahun PGRi ke-73 & Hari Guru Nasional ke-24 Tahun 2018”. “Mung sakitu tempatna teu tiasa ngabagéakeun sakumaha mistina,” pokna.

Acara nu saperti kitu téh dihadiran ti guru-guru SD, SMP, SMA/SMK, tamu ondangan ti Koramil jeung tamu nu séjénna. Acara éta sanajan pareum listrik, anggota Cabang PGRI Jatiluhur tetep ngadangukeun tausiah nepika parat.***



Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "WARTA TI JATILUHUR"

Posting Komentar