WARTA TI KIARAPEDES
Sangkan
Pileg Pilpres Aman
Panwaslu
Kiarapedes
Nerapkeun
Aturan KPU
Warta Sunda
Online,
Dina raraga ngaronjatkeun ketak Panitia Pengawas
Pemilihan Umum (Panwalu), hususon di
wilayah Kecamatan Kiarapedes Kabupatén Purwakarta, sawatara katukang ngahadiran
Undangan Rapat Pleno nu ngabahas ngeunaan Tahapan
Pemilihan Umum Tahun 2019 ayeuna rék kana Tahapan Pencermatan Daftar Pemilih
Tetap Hasil Perbaikan Kedua (DPTHP-2) Pasca Rekomendasi Bawaslu pada Pemilihan
Umum Tahun 2019.


Kagiatan éta téh ditepikeun deui ka anggota katut
setapna pikeun monitoring pendataan Pemilih. “Éta
minangka tarekah geusan pembinaan kagiatan pengawas Pemilu 2019, kaasup PPL di
tingkat désa. Satekah polah sosialisasi malar sakumna rengrengan Panwascam téh
enya-enya paham kana aturan luyu jeung katetapan KPU Kabupatén Purwakarta,”
Ceuk Ketua Panwaslu Kecamatan Kiarapedes,
RD. Deden Ipan Sulaéman, ka WSO di Sekretariat Panwascam
Kiarapedes sabada tadi siang rapat pleno di Hotel Harper Bungursari(10/12).


Kalawan
remis manéhna dibarengan dua anggota jeung setap Panwascam naon nu ditepikeun
tadi téh, dipiharep tiasa faham.
Ceuk
RD. Deden Ipan Sulaéman
salaku Divisi
Pencegahan & Hubungan Antar Lembaga (Hubal), kalintang penting ngagedurkeun
sosialisai rupaning program nu patalina jeung Pemilu 2019. Sangkan Pemilu 2019
lumangsung tartib, aman, tur lancar.
“Kuring
miharep, kagiatan sosialisasi nu samodel kitu téh bisa lumangsung noron, ngarah
kasakumna unsur masarakat. Taya deui tujuannana mah sangkan Pemilu 2019
lumangsung sukses, aman tur lancar, luyu jeung aturan,” pokna.
Lian ti éta,
ceuk Acéng Koswara (Divisi Organisasi & SDM), pihakna umajak hususna
organisasi nu aya di Kiarapedes babarengan milu nyukseskeun Pileg, Pilpres
2019.*** Anto
0 Response to "WARTA TI KIARAPEDES"
Posting Komentar