WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Ade Jo Sukses Ngorbitkeun Adi Kurniawan Tarigan Jadi Ketua PWI 2025-2028

PURWAKARTA - www.wartasunda.id,-   Ngangkat harkat darajat hiji jalma teu sagampang malikeun dampal leungeun. Tapi ku kayakinan jeung kar...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

AWAS!!!


Ati-Ati ku SURAT TUGAS "BODONG"

Oknum Meng-Atasnamakan Tim Verifikasi Bangunan

Warta Sunda Online, AWAS!!! Ieu dalih hiji jalma ku ayana SURAT TUGAS, pikeun ngahalalkeun sagala cara keur kapentingan pribadi.
Institusi lembaga dipaké cara néang duit. Poma ieu lembaga ti pusat/provinsi jadi ladang pikeun dalih keur ngudag kapentingan bari jeung teu aya katerangan nu ditunjuk ka salahsaurang petugas pon kitu deui titi mangsa ieu serat.
kituna ogé, mun legal mah pihak dinas/instansi terkait mun aya saurang datang ka sakola, sok aya koordinasi ti Dinas Pendidikan yén aya utusan perwakilan keur ngabantu dinas pendidikan hususna ngeunaan survey contona Tim VErifikasi Bangunan.
éta nu resmi mah ku ayana koordinasi, lain ari ieu kukulamprengan dasarna ku Surat Tugas Bodong. 
Kukituna, bilih dongkap ka unggal sakola bari jeung némbongkeun surat tugas, éta téh "BODONG". Mugia ka sakumna civitas sakola segera lapor ka anu berwajib.
Geus ilaharna mun dina tiap sakola nu meunang bantuan sok jadi sumber target keur oknum pikeun néangan kasalahan, dengan dalih salahna matrial, kurang itu-ieu jeung sajabana. Kajaba bari jeung nirukeun lagana kawas mandor. Sabenerna mah rék dikumah-kumaha ogé, dina tiap pangwangunan sakola luyu sareng bistek jeung arahan ti pihak terkait. Kari-kari ieu mah sok disalahkeun bari jeung teu apal jujutanna.
Ungkara di luhur éta di resahkeun ku warga atikan di wilayah kerja Kecamatan Kiarapedes. Malihan ngarasa resah ku ayana oknum meng-atasnamakan Tim Verifikasi Bangunan. Bari jeung luhak-lohok ka unggal sakola. Untungna di wewengkon Margaluyu cepat tanggap alias sigap, oknum samodél kitu rikat pihak sakola jeung warga rék naréwak ku oknum éta. Kitu dijelaskeun ku Yasin (42) warga Désa Margaluyu Kecamatan Kiarapedes, Kabupatén Purwakarta ka WSO Via WA.
Dina kasempetan éta ogé, Pihak UPTD Pendidikan Kecamatan Kiarapedes, Cécé Husni ngabenerkeun ayana oknum luhak-lohok ka sakola. “Mun, katéwak pihakna rék dipasrahkeun ku nu berwajib,” pokna.
Ku kituna ka sakuma warga atikan sa-Kabupatén Purwakarta, bilih aya nu dongkap ka unggal sakola nu meng-atas namakan tim verifikasi bangunan, éta téh oknum. Malah kudu ditanya identitas boh Surat Tugas na. Saperti kamari kajadian di SDN 1 Margaluyu, Désa Margaluyu Kecamatan Kiarapedes, ceuk pihak sakola yén oknum nu wastana Rahmat Effendi jeung Unang Nurjaya rék ditéwak ku warga.
“Mugia ieu bewara téh, tong nepi ka kajantenan di Kecamatan bohna disakola sewang-sewangan,” pokna Cécé.*** Redaksi

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "AWAS!!!"

Posting Komentar