WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Ade Jo Sukses Ngorbitkeun Adi Kurniawan Tarigan Jadi Ketua PWI 2025-2028

PURWAKARTA - www.wartasunda.id,-  Persatuan Wartawan Indonesia (PWI) Kabupaten Purwakarta menggelar Konferensi untuk periode 2025–2028 di Ge...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Hirup Apik jeung Berseka Loba Amal Ibadah

Hirup Apik jeung Berseka
Loba Amal Ibadah

N
garaos lugina saumpamina urang nganjang kahiji bumi anu kaayaan patempatanana bersih, rapih tur berseka, sok sanaos kondisi bumi teh henteu sigrong, ngan ukur sakadar imah panggung. Tempat calikna nu ngan saukur tina betah katinggalna, henteu sareukseuk pikageuleuheun.
Panampian nu gaduh bumi, diwuwuh ku budi basa nu sopan kadanguna, pasemon nu marahmay, seged nganggo raksukan nu beresih tur berseka, wuwuh matak pogot ningalina, matak betah umanjang tur teu weleh hayang nganjang. Budi kolot batan nu nganjang, keur tatamu baris nimbulkeun pangajen diri, ibadah nyieun kahadean jadi kenangan, hamo kapopohokeun dina sajeroan hatena.
Song susuguh, teu pira ukur cai enteh nu digulaan, kueh kampung nu ngan saukur opak jeung ranginang nu teu meunang ngagoreng, kulub cau, wajit nu dibungkusku daun kararas cau atawa upih, urab sampeu jeung jagong nu meunang murulukan kalapa diparud, diwadahan dina pisin lir ibarat kembang kakara mekar.
Sok komo deui saumpamina nu nganjang teh hiji jajaka, nganjang ka imah wanoja beubeureuhna nu apik jeung berseka, teu weleh geugeut pageut, jorojoy hate hayang leuwih mikaheman. Palangsiang sok inggis beunang ku batur, hese neangan deui beubeureuh nu model kitu, sawangan dina diri meunang bagja dina rumah tangga, taya codeka.
Gedjlogna harta banda jeung pangaboga, teh ieuh jadi ukuran. Beunghar ku harta banda, nu nganjang rewo ku babawaan. Nu dianjangan sanajan hirupna miskin taya pangaboga tapi tetela boga kakuatan ahlaq budi pekerti anu sayuni, hirup salawasna bersih tur berseka, budi basa nu marahmay diwuwuh ku rasa sono nu ginuluran, bisa jadi hiji kakuatan nu moal kaelehkeun ku ngaleuyana harta banda katut baranangna pangkat. Hate ngarasa lugina, betah jeung merenah, dibaturan hirup ku jalma nu apik jeung berseka, loba nyieun amal kahadean.

Paingan Gusti Alloh parantos midawuh dina Al Qur’an, yen keberesihan teh sabagian tina iman. Hirup salawasna apik jeung berseka dibarengan ku ahlak anu pinuh ku kahadean. Luyu jeung eusining hadist Nabi, yen saban manusa teh kudu paboro-boro migawe kahadean, fastabiqul khoerot. Gusti Alloh SWT ngalungsurkeun Muhammad SAW, saestuna pikeun nyampurnakeun ahlak manusa, sangkan boga laku lampah nu ahlaqul karimah. Ceuk urang Sunda mah, budi teu meuli, basa teu menta, hirup manusa di alam dunya kudu silih ajenan jeung silih hargaan. ***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Hirup Apik jeung Berseka Loba Amal Ibadah"

Posting Komentar