WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Ade Jo Sukses Ngorbitkeun Adi Kurniawan Tarigan Jadi Ketua PWI 2025-2028

PURWAKARTA - www.wartasunda.id,-   Ngangkat harkat darajat hiji jalma teu sagampang malikeun dampal leungeun. Tapi ku kayakinan jeung kar...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Panungtung Purna, Kasek UPTD SDN 2 Malangnengah Ngarajabankeun Barudak

SUKATANI - Grup Warta Sunda,-
Masih dina bulan rajaban, di Kp. Malangnengah RT.07 RW.02 Désa Malangnengah, Kacamatan Sukatani, Kabupatén Purwakarta Jawa Barat. Poé peré, Juma'ah isuk, 09 February 2024 téh dijadikeun kagiatan kaagamaan nepika ngalumangsungkeun rajaban di sakola.

Barudak UPTD SDN 2 Malangnengah ku juru atikna téh dirajabankeun, dina sasih anu pinuh ku kaberkahan bulan Rajab. Malah Mandar barudak anu boga kamonésan tur mapag lomba-lomba di tingkat kecamatan, barudak na Marintonkeun kaparigelan saperti aya pintonan Pildacil, ngaos Qur'an, adzan jeung pintonan nu lainna. Kitu ditetelakeun ku Kepala UPTD SDN 2 Malangnengah, Nana Ruhyana, S.Pd ka Grup Warta Sunda.
Kepala UPTD SDN 2 Malangnengah, Nana Ruhyana, S.Pd*

Nurutkeun Pa Yana nu biasa disebat téh, dirina ngarasa bungah amarwatasuta yén kakompakan guru sinareng komite kelas komo nepika ngalumangsungkeun acara rajaban. 

Sakola nu dipupuhuan téh nincak kana 14 bulan nu jumlah siswa 266, 8 urang tenaga pengajar ngawengku 5 urang guru kelas, 1 PNS, sarta 2 P3K, 5 rohang kelas
Komite  Sekolah Zaenal Asikin.
Perwakilan Komite Kelas ngahaturkeun rewu-rewu nuhun ka para orangtua wali nu parantos ilu biung babarengan pikeun ngalaksanakeun rajaban ieu.

Dina biantarana, Ketua RW.02, Nawawi peupeujeuhna, sangkan ngajaga kabersihan tur para siswa, pihakna ogé ngahaturkeun réwu nuhun ka para bapa/ibu miharep kapayun sakola tambah majeng deui. Harepan ka siswa diprioritaskan siswa ngangkat prestasi, aya kawani acara Isro Mi'raj naék aya ningkat,
Penceramah : Irwan Supriatna, S.Pd*

Nurutkeun data nu dikumpulkeun ku Grup Warta Sunda yén dina acara rajaban éta Para siswa dilibatkan ti mimiti MC, Pintonan anak ti kelas 1 - 6, hususna dina widang keagamaan. Ana pon kitu, Penceramah : Irwan Supriatna, S.Pd guru PAI na maneuh ceramah, poma bari macakeun solawatan nu dibantu Arip Jabaludin Salahsaurang santri Ponpes At-Taslim Malangnengah.***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Panungtung Purna, Kasek UPTD SDN 2 Malangnengah Ngarajabankeun Barudak"

Posting Komentar