WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Warta Gedung Dewan : Sekretariat DPRD, kadatangan Rengrengan Pangurus katut Anggota PWI Purwakarta

Poto bareng PWI Purwakarta jeung Sekretariat DPRD.* GEDUNG DEWAN -  www.wartasunda.id,- Sekretariat Dewan Perwakilan Rakyat Da...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

237 Guru P3K Formasi Taun 2022 Diistrénan ku Bupati Purwakarta

Poto : doc_disdik

PURWAKARTA - Grup Warta Sunda,-
Sawatara waktu katukang Bupati Purwakarta, Rd. Hj. Anne Ratna Mustika poé Senen, ping 1/8/2023 ngistrenan pagawé P3K Formasi Taun 2022 di Balé Yudhistira Lingkungan Pemda Purwakarta.

Kegiatan nu saperti kitu téh, ogé sakalian pengambilan sumpah dan Penandatangan SPK PPPK di Lingkungan Pemerintahan Kabupaten Purwakarta Formasi Tahun 2022, nu jumlahna aya kana 337 urang ngawengku diantarana 237 guru, 69 tenaga kesehatan jeung sesana 31 tenaga teknis.

Dina biantarana Bupati Purwakarta miharep sangkan PPPK nu diistrénan bisa babakti kalayan daria keur Purwakarta. Nitenan pagawé pamaréntah lahir tina pengabdian. Lian ti éta, para PPPK dipiharep bisa ngaaplikasikeun nu positif pikeun ngawujudna pangwangunan Purwakarta nu leuwih hadé.

Hadir dina kegiatan istrénan éta téh diantara Sekretaris Daerah (Sekda) Kabupatén Purwakarta, Kepala Dinas Pendidikan (Kadisdik) Kabupatén Purwakarta sarta para pajabat, katut perwakilan ti Dinas Kaséhatan jeung nu lainna.*** (Red).

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "237 Guru P3K Formasi Taun 2022 Diistrénan ku Bupati Purwakarta"

Posting Komentar