WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Warta Gedung Dewan : Sekretariat DPRD, kadatangan Rengrengan Pangurus katut Anggota PWI Purwakarta

Poto bareng PWI Purwakarta jeung Sekretariat DPRD.* GEDUNG DEWAN -  www.wartasunda.id,- Sekretariat Dewan Perwakilan Rakyat Da...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Pangkalan SDN Rawasari, Magelarkeun Perkemahan


PLRÉRÉD - GRUP WARTA SUNDA
Gerakan Pramuka Pangkalan SDN Rawasari Kwartir Ranting Plered Kwartir Cabang Purwakarta ngagelar Perkemahan Gabungan jeung Gerakan Pramuka Pangkalan SMPN Satap Rawasari, poé Juma'ah, 16/06 nepika poé Saptu 17/06 2023 di lingkungan SDN Rawasari.

Kagiatan perkemahan ieu téh dina raraga ngistrénan Anggota Pramuka Penggalang Ramu, Rakit, Terap nyoko kana Syarat Kecakapan Umum.


"Lain saukur perkemahan wungkul di tingkat penggalang téh, tapi aya kagiatan perkemahan sapoé pikeun tingkat siaga sarta bakti sosial,"  kitu ditetelakeun pembina putri Ai Rahmayani.

"Tadina mah rék ngagelar upacara pelantikan wungkul, supados langkung sederhana, tapi pikeun ngarengsekeun syarat kecakapan umum tingkat penggalang, Aya salah sawios syarat aya dina perkemahan, antukna jadi  2 poé, mun seug taya perkemahan ieu, tangtu perdik teu acan tiasa dilantik," pokna.


Pamilon nu milu aub dina éta kagiatan téh  jumlahna aya kana 62 urang siswa, ngawengku ti 46 urang siswa SD sarta 18 urang siswa SMP.

Dina kasempetan éta, Ketua Pengurus Kwartir Ranting Pléréd Amir Suryana via ponselna, inyana teu tiasa hadir. Malah Mandar ngirimkeun perwakilan ti  Dewan Kerja Ranting (DKR) pikeun ngabantu panata calagara dina ngalaksanakeun kegiatan éta.***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Pangkalan SDN Rawasari, Magelarkeun Perkemahan"

Posting Komentar