WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Warta Gedung Dewan : Sekretariat DPRD, kadatangan Rengrengan Pangurus katut Anggota PWI Purwakarta

Poto bareng PWI Purwakarta jeung Sekretariat DPRD.* GEDUNG DEWAN -  www.wartasunda.id,- Sekretariat Dewan Perwakilan Rakyat Da...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

PROGRAN DISDIK TATANÉN DI BALÉ ATIKAN DIPITEMBEYAN KU KORWIL 9 MANIIS

  PROGRAN DISDIK TATANÉN DI BALÉ ATIKAN

DIPITEMBEYAN KU KORWIL 9 MANIIS

 


“Tatanén diburuan kantor teu leupas tina karancagéan staké holdér dina ngagenah-genah kantorna ku pepelakan palawija jeung resikna kekembangan dina pot.”

 

MANIIS – Warta Sunda Onliné,

G

ENAH tur tumaninahna kaayaan kantor tangtu dipikameumeut ku unggal pagawéna, saperti halna di Koordinator Wilayah (KORWIL) 9 Maniis – Tegalwaru poé Kemis (8/10/2020) geus ngayakeun kagiatan tatanén di balé atikan nu kiwari keur dimekarkeun ku Dinas Pendidikan Kabupatén Purwakarta. Malah mandar ieu kagiatan minangka mitembeyan di buruan kantor UPTD Pembinaan TK/SD Pendidikan Kabupatén Purwakarta nu harita ayeuna robah ngaranna jadi KORWIL 9 Maniis Dinas Pendidikan Kabupaatén Purwakarta melak ku sarupaning palawija jeung ngahegarkeun ku kekembangan.

 

Éndahna buruan kantor nu dihiap ku pepelakan kayaning melak tatanén saperti palawija nu diantarana melak terong, suuk, sasin, kacang panjang, talés bogor katambah resikna ku kekembangan. Kitu ceuk Pengawas Bina SD sa-tatar Maniis (Korwil 9 Maniis widang atikan), H. Karim, S.Pd, M.M., ka Warta Sunda Onliné dirohangan gawéna (8/10/2020).

 


“Saméméh ka tiap SD, pihakna nyontoan heula ku mitembeyan pepelakan di kantorna saperti témbong dina gambar,” pokna H. Karim.

 

“Ditargetkeun tina pepelakan éta téh 3 (tilu) bulan kahareup bisa ka ala hasilna. Malahan tina panén tatanén éta téh, bilih aya warga sabudeureun hususna kulawedet atikan di wewengkonna ngahegkeun hasilna,” pokna deui.

 

Ku kituna, ieu kagiatan téh hasil karancagéan tur rojongan ti pihak ketua Korwil 9 Maniis – Tegalwaru nu dipupuhuan ku H. Isép Agus, S.Pd, M.Pd., sarta rojonga antara pihak PGRI Kecamatan Maniis (pupuhuna Nana Supyana, S.Pd, M.M.,), Kwarran Maniis (pupuhuna H. Akim, S.Pd, M.M.,), Koordinator Kepala Sekolah (K3S) Gugus I (pupuhuna Mulyana Sugiana, S.Pd, M.M.,), K3S) Gugus II (pupuhuna Éncéng, S.Pd, Ketua Gugus I (Mulyanto, S.Pd), Ketua Gugus II (Yayan Rusyana, S.Pd). Kituna ogé pagawéna saperti Pengelola Bos (Cucu Mulyani, S.Pd), Pengelola Kepegawaian (Anda Juanda) sarta Pengelola Aset/Sapras (Supyandi, S.Pd) milu aub dina pepelakan tatanén. 

 


Ditempat anu beda, Ketua Korwil 9 Maniis – Tegalwaru, H. Isép Agus, S.Pd, M.Pd., pihakna ngahaturkeun rewu-rewu ka para kepala sekolah katut rengrenganana nu parantos tiasa ngajalankeun program Disdik Kabupatén Purwakarta ngeunaan tatanén di balé atikan, sok sanajan nembé dicontoan di korwil 9.

 

Inyana miharep kapayuna diterapkeun disakolana sewang-sewangan hususna sa-tatar sakola di Maniis. “Tapi sabagian sakola mah aya nu parantos ngalaksanakeun, nilik tina masih kaayaan sasalad covid-19 ieu can sagemlengna ngalaksanakeun,” pokna Isép Agus ka WSO/WSN.

 

Sedengkeun data nu dikumpulkeun ku redaksi yén kiwari kantor Korwil 9 ieu téh jero kantorna tampil beda, nilik tina karancagéan rengrengan pagawé nu milu aub ngamémérés kantor ditata rohangannana, resik ku kekembangan dina pot.***  

 

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "PROGRAN DISDIK TATANÉN DI BALÉ ATIKAN DIPITEMBEYAN KU KORWIL 9 MANIIS"

Posting Komentar