WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Ijazah Fisik Dihapus Diganti E-Ijazah Mulai 2025: Ini 6 Alasan Penting Kenapa Harus Diterapkan!

  Seiring berjalannya waktu dan perkembangan teknologi, pemerintah mengambil langkah besar dalam sistem administrasi pendidikan dengan mempe...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Rais Syuriah PCNU Purwakarta DR. KH. Abun Bunyamin, M.A Ngahadiran Pembukaan Posko Bersama

Katerangan Poto : 
Rais Syuriah PCNU Purwakarta, DR. KH. Abun Bunyamin, hadir dina peresmian Posko Bersama di Jl. Ibrahim Singadilaga, Koncara, Purwakarta.*
PURWAKARTA - Warta Sunda Onliné,
MAHABUNA nyebarna Covid-19 di Kabupatén Purwakarta, tina upaya pencegahan keur masarakat, pihak Fraksi PKB DPRD Kabupatén Purwakarta jeung PC NU Kabupatén Purwakarta sawatara waktu katukang muka Posko Bersama nu tempatna di Jl. Ibrahim Singadilaga, Koncara, Purwakarta.
     Posko Bersama ieu buka tiap poé ti mimiti jam 08.00 - 17.00 WIB nepika tanggal 28 Maret 2020. Miharep Posko ieu téh, masarakat bisa meunamg masker haratis, hand sanitizer sarta check kesehatan sederhana pikeun leuwih apal tina gejala awal Covid-19.
     "Posko éta ogé, di buka nepika 28 Maret 2020, lian satiap anggota DPRD ti PKB turun ka Dapil masing-masing ngalakukeun penyemprotan disinfectan ka Masjid, Majelis jeung fasilitas umum lainna." kitu ceuk Hidayat, Ketua Fraksi PKB DPRD Kabupatén Purwakarta ka awak média.
     Dina kasempetan éta ogé, Rais Syuriah PCNU Purwakarta, DR. KH. Abun Bunyamin nepikeun yén kagiatan ieu minangka upaya ngabantu Pamaréntah Kabupatén milu aub kana pencegahan penyebaran Covid-19.
     "Harepanna, yén Purwakarta zona héjo penyebaran Covid-19 teu aya pangaruh jeung kabupatén lainna nu geus statusns zona kondng komo nepika zona beureum" pokna Kiyai Abun.
     Dina acara peresmian Posko Bersama ieu dihadiran ku sakabéh anggota Fraksi PKB DPRD Kabupatén Purwakarta sarta pangurus PKB katut PC NU Purwakarta.***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Rais Syuriah PCNU Purwakarta DR. KH. Abun Bunyamin, M.A Ngahadiran Pembukaan Posko Bersama"

Posting Komentar