WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Ijazah Fisik Dihapus Diganti E-Ijazah Mulai 2025: Ini 6 Alasan Penting Kenapa Harus Diterapkan!

  Seiring berjalannya waktu dan perkembangan teknologi, pemerintah mengambil langkah besar dalam sistem administrasi pendidikan dengan mempe...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

#lokdon

Katerangan Poto : Aya rasa sedih, mesjid nu biasa dihadiran ku leuwih ti saratus jamaah ayeuna estu kosong molongpong.*

#netpost_akiaristono

#lokdon

Jam sawelasan Aki ngalanto ka masjid néang nu keur migawé bangunan. Nyalsé kukurilingan téh da teu aya nu ngulampreng, atuh anggang aman tèh kajamin.

Teu karasa ngong muazin adan, geuning geus msnjing waktu lohor.

Sanajan masjid keur dilokdon piraku atuh ari kudu balik pikeun solat diimah mah, nya asup wé ka masjid maturan nu adan.

Solat sunat ngahaja milih ditukang, nungtutan aya patugas pikèt nu arasup ka masjid. Berjamaah solat lohor téh aya genepan, saf nu biasa kudu rèkép ayeuna mah kudu aya lolongkrang hiji satengah meteran.

Aya rasa sedih, mesjid nu biasa dihadiran ku leuwih ti saratus jamaah ayeuna estu kosong molongpong.

Sugan jeung sugan atuh Alloh SWT naqdirkeun bulan Ramadan mah sasalad téh geus réngsé.
Aaamiiin ***

Pustaka Sunda

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "#lokdon"

Posting Komentar