WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Hasil OKK di Bogor, 3 Urang Resmi Jadi Anggota PWI Purwakarta

Hasil OKK di Bogor, 3 Urang Resmi Jadi Anggota PWI Purwakarta Tilu calon anggota anu dikirim nyaéta Aik Hakiki, Rafael Cristian ...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Kolaborasi Antara Pendamping Lokal Désa jeung Stakeholder Dina Ngabentuk Posko Relawan Tanggap Covid 19.

Katerangan poto : Karancagean stake holder pikeun ngabentuk Posko Relawan Tanggap Covid 19.*

CIBATU - Warta Sunda Onliné,
Antisipasi virus corona atawa Covid 19, Pamaréntah Désa Cikadu Kecamatan Cibatu Kabupatén Purwakarta gawé bareng merangan covid 19 ku ngayakeun sosialisasi jeung penyemprotan cairan desinfektan babarengan antara Babinsa, Bhabinkamtibmas, Pendamping Lokal Désa, Linmas Désa Cikadu sarta ngerahkeun saunit kendaraan milik UPTD Dinas Pemadam Kebakaran dan Penanggulangan Bencana Wilayah 3 Cikopo, Kémis (26/3/20).

     Tina upaya penyemprotan nu lumamgsung éta, nepika saurang warga nu keur liwat téh eureun heula ningali ku rame-ramena ngagimbung.

     "Aéh, basa ditingal téh, geuning keur aya penyemprotan cairan desinfektan pikeun nyegah tong nepika nyebar virus corona," pokna Rukman.



     Rukman miharep kana iei kagiatan téh lain saukur harita wungkul, tapi dilakukeun sacara rutin pikeun nangkis jeung maéhan éta virus corona nu mahabu sa-Indonesia.

    Nurut Kepala Désa Cikadu, Dedi Sujana dina uar pangajak ka masarakat sangkan milu aub dina aksi cicing diimahna masing-masing, mun teu penting-penting teuing kaluar imah, pikeun ngahindaran tong nepika katarajang virus corona éta.

"Anggur mah rajin-rajin kokocok leungeun saatosna tiap aktifitas naon waé, sabab virus corona gancang nularna ngalewatan angin, sasalaman jeung papada urang jeung sajabana," pokna Dedi.

Dina kasempeyan éta ogé, Pendamping Lokal Désa (PLD) Désa Cikadu, Dedih Suhardian nambahkeun yén pamaréntah désa sagancangna nyieun posko relawan tanggap Covid 19.

"Ieu téh hasil kasapukan tina rapat jeung Dinas Pemberdayaan Masyarakat dan Désa uar pangajakna sangkan buru-buru ngabentuk posko relawan tanggap virus corona di tiap désa, pihakna rék ngadata tiap penduduk nu datang atawa nu pindah ngarah leuwih efektif ku ayana posko di tiap RW," saur Dedih.***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Kolaborasi Antara Pendamping Lokal Désa jeung Stakeholder Dina Ngabentuk Posko Relawan Tanggap Covid 19. "

Posting Komentar