Miéling Poé Basa Indung Sadunya 2020 di Kabupatén Purwakarta aya BACIBANG
Keterangan poto :
Para siswa-siswi satatar Purwakarta Déklarasi Nonoman Sunda Purwakarta
Miéling Poé Basa Indung Sadunya 2020 di Kabupatén Purwakarta aya BACIBANG
Purwakarta.21-02-2020. Dinas Pendidikan Kabupatén Purwakarta rukun gawé jeung Musawarah Guru Mata Pangajaran (MGMP) Basa Sunda SMP/MTs ngagelar acara Déklarasi Nonoman Sunda jeung Pamasrahan Layang Pangajén Dharma Guru Basa Sunda Purwakarta 2020 dina raraga miéling poé basa indung sadunya di Aula Bank BJB Purwakarta, Jalan Jendral Sudirman Purwakarta.
"Sadaya guru basa Sunda jeung wawakil siswa sa- tatar Purwakarta hempak merbayaksa di Aula BJB Purwakarta ieu mangrupikeun bukti reureus jeung mitresna kana Basa Sunda." Ceuk Ahmad Sopian Effendi,M.Pd salaku Pupuhu MGMP Basa Sunda SMP/ MTs Kab. Purwakarta.
Keterangan poto : Nurwin Herawan meunang layang pangajén Darma Guru Basa Sunda 2020.*
"Kabupatén Purwakarta parantos netepkeun Perda mangrupakeun payung hukum kanggo pangajaran Basa Sunda, pami teu bisa unggal poé nyarita ku Basa Sunda atuh dina saminggu téh poé rébo atuh sadaya warga sakola kedah gunem catur maké basa Sunda ti ngawitan Kepala Sekolah, Guru, Pengawas, rapat-rapat poé rebo wajib ngagunakeun basa Sunda pan Rebo Maneuh di Sunda dina tujuh poé atikan Kabupatén Purwakarta." Ceuk Dr. H. Purwanto,M.Pd.
Salajengna Déklarasi Nonoman Sunda Purwakarta dipingpin ku Surya Direja siswa kelas 9G SMPN 1 Purwakarta diwuwuh ku kawih Sunda nu judulna Basa Cicirén Bangsa (BACIBANG) Karya Achmad Sopian Effendi,M.Pd, Aransemen Satrian Nurul Iman,S.Sn. Lagu BACIBANG ieu dumasar instruksi Kepala Dinas Pendidikan Kab. Purwakarta wajib dihaleungkeun unggal poé rebo diunggal sakola nu aya di Purwakarta.
Keterangan poto : Dr. H. Purwanto, M.Pd., meunang layang pangajén Darma Guru Basa Sunda 2020.*
Acara Pamasrahan Layang Pangajén Dharma Guru Basa Sunda Kab. Purwakarta 2020 nu kahiji nyaéta kanggo Bapa Nurwin Herawan dina widang atikan ti kalangan pendidik, ti mediana Kang Anto Sukanto, ti birokratna Bapa Dr. H. Purwanto,M.Pd. "Insya Alloh dirarancang unggal taun aya Layang Pangajén Dharma Guru." Ceuk A. Yogaswara,S.S,M.Pd salaku Pupuhu Panata Calagara Miéling Poé Basa Indung Sadunya Kab. Purwakarta 2020.
Keterangan poto : Anto Sukanto wartawan Sunda meunang layang pangajén Darma Guru Basa Sunda 2020.*
0 Response to "Miéling Poé Basa Indung Sadunya 2020 di Kabupatén Purwakarta aya BACIBANG"
Posting Komentar