WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Warta Gedung Dewan : Sekretariat DPRD, kadatangan Rengrengan Pangurus katut Anggota PWI Purwakarta

Poto bareng PWI Purwakarta jeung Sekretariat DPRD.* GEDUNG DEWAN -  www.wartasunda.id,- Sekretariat Dewan Perwakilan Rakyat Da...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Kang Haji Adang S.

Wilujeng angkat :

Kang Haji Adang S.

Wawuh ka Kang Adang S. téh ti taun 1970-an.  Mun teu salah, mimiti tepung téh di redaksi majalah Sunda Gondéwa, di  Gedong YPK. Poho deui pangkatna mah, naha masih kénén kopral, teuing  geus sersan.

Loba pangalaman anu karandapan salila wawuh jeung Kang Adang. Aya hiji nu ku pun uing sok remen didongéngkeun.

"Akang mah, Tang, mun keur ngayakeun patroli ka leuweung, sok mawa  sambel téh nu ladaaaaa ...," pokna. Kitu da si akang éta mah mun ngobrol  téh sok éksprésif. Resep loba  dongéngna, ti mimiti numpes gorombolan, ngepung Kahar Muzakar, tepi ka  diterjunkeun di Timor Timur waktu ngagempur Fretilin.

"Mawa sambel lada téh ngarah jadi wanian dina derna perang, Kang?" pun uing nanya.

"Ih, lain, ngarah awét. Mun teu lada mah apan sok babari béak," témbalna bari nyéréngéh.

Tadi pabeubeurang ieu pangarang Sunda urang Tasik téh nohonan panyaur  Gusti. Wilujeng angkat, Akang, mugi ditampi iman Islamna, mugi  dicaangkeun di alam kuburna, jeung mugi tapak Akang dina ngarang loba  anu nuluykeun.*** Tatang S.


CARAKA teh kampus kuring.
nya ti Kang Adang S.  Kuring bisa nulis.  dibantuan ku lanceuk-lanceuk.
hatur nuhun, Kang. mugi sagala rupi kasaean Akang sing janten bekel di alam kalanggengan.  Aamiiiin Ya Robbalalamin...!!

#poeieukuringngalimba



Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Kang Haji Adang S."

Posting Komentar