WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Lur!!! Urang Sunda Wayahna Geura Nanjeur

Lur!!! Urang Sunda Wayahna Geura Nanjeur Asa lila-lila diantep t é h, beuki dieu, beuki dikekesek wa é . Batur mah deungen-deungen, nu ...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Bupati Purwakarta Ngistrénan Lima Kepala Dinas Anyar

RELEASE PEMKAB PURWAKARTA:

Bupati Purwakarta Ngistrénan

Lima Kepala Dinas Anyar

Ket.Poto : Bupati Purwakarta ngistrénan Lima Pejabat Anyar pikeun ngolahnagri di masing-masing dinas.*

Purwakarta - Warta Sunda Onliné,

Bupati Purwakarta Anne Ratna Mustika ngistrénan jeung nyumpah lima Pejabat Tinggi Pratama nu lolos seleksi akhir salaku Kepala Dinas. 


Nurutkeun Anne, istrénan ieu geus sesuai jeung waktu nu tos ditangtoskeun saméméhna.

"Luyu sinareng jadwal, pihakna ngalaksanakeun pelantikan jeung pengambilan sumpah jabatan pejabat tinggi pratama hasil tina seleksi salila dua bulan proses, waktu nu rada manjang ahirna tiasa ngahasilkeun lima nu pang hadéna," pokna Bupati Purwakarta, Anne Ratna Mustika saatos ngalantik, Juma'ah (07/02/2020).

Inyana negeskeun, ka lima urang ieu téh nyaéta aranjeuna rengking hiji nu peunteunna paling ageung, kajaba hasil girang pangayak sawatara katukang. 

Ket.Poto : Bupati Purwakarta Hj. Anne Ratna Mustika disarengan Sekda Iyus Permana ngistrénan lima Pejabat Anyar.*

"Janten sim kuring nyandak sadayana nu berprestasi ranking kahiji, sok sanajan sacara undang - undang bupati gaduh hak preoggratif kanggo milih di antara 3 tapi sim kuring milih nu pang hadéna," pokna.

Bupati nu nenehna Ambu Anne ngajelaskeun, lima kadis nu tos diistrénan éta diantarana; Kepala Dinas Pemerdayaan Masyarakat dan Desa (DPMD) ku Jaya Pranolo, Kepala Dinas Kearsipan dan Perpustakaan ku Mohamad Ramdhan, Kepala Dinas Pekerjaan Umum, Bina Marga dan Pengairan (PU Bina Marga) ku Ryan Oktavia, Kepala Dinas Perhubungan (Dishub) ku R Iwan Soeroso Soediro sarta Kepala Dinas Kesehatan (Dinkes) ku Deni Darmawan.

Ambu Anne miharep kalimana éta tiasa mampu ngalaksanakeun tugas sebaik - baiknya dan sesuai dengan apa yang mereka sampaikan ketika pada proses ekspos dari makalah yang diwawancara dan disampaikan penuh dengan kreatifitas, gagasan dan lain sebagainya itu harus diwujudkan.

"Nu jelas aranjeuna kedah babarengan sareng visi misi sim kuring nu nyoko kana RPJMD tangtuna kudu méré dampak kana percepatan pangwangunan di Purwakarta. Pon kitu deui tiasa ngaoptimalkunn pelayanan ka masarakat," Ambu Anne mungkas obrolan. (*)

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Bupati Purwakarta Ngistrénan Lima Kepala Dinas Anyar"

Posting Komentar