WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Ade Jo Sukses Ngorbitkeun Adi Kurniawan Tarigan Jadi Ketua PWI 2025-2028

PURWAKARTA - www.wartasunda.id,-   Ngangkat harkat darajat hiji jalma teu sagampang malikeun dampal leungeun. Tapi ku kayakinan jeung kar...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

SAKOLEBAT INFO : Puluhan Mobil Pribadi Disuruduk di Res Area KM.97 Tol Cipularang


Kontener nikung, rem blong nenggar mobil pribadi, buntutna nyenggol tempat pengisian BBM Solar.*

Cipularang - WSO,
Naas puluhan mobil pribadi nu keur parkir di Res Area KM.97 Tol Cipularang disuruduk mobil Kontener, poé Juma'ah, ba'da Asar ping (17/1/2020).



     Dina hal ieu, korban tilar dunya diperkirakeun aya kana 5 urang. Alatan kagencet di mobil pribadina nu rek parkir di area jeung keur parkir.
     Lian ti éta, 10 mobil pribadi keur parkir disuruduk ku mobil kontener. Malah mandar kontenerna ogé tiguling ku puluhan mobil nu ngabebanan.



     Ieu kajadian mobil kontener plat nomerna B 9766 UO nu tadina rék ngeusi BBM, diperkirakeun remna blong, kajaba nikung antukna nyuruduk mobil mobil nu keur parkir aristirahat. Pon kitu deui pombensin BBM Solar ka senggol ku buntut kontener nepika solarna ngamalir ngagenclang amarayah teu jauh ti tempat pombensin. Hadéna warga teu aya nu ngaroko. Kabayang mun seug ngaroko!



     Kajadian ieu téh dicaritakeun ku salahsaurang nu geus ngalaksanakeun solat Asar. Keur mah saméméhna mobil anjeuna satadina parkir di TKP. Tapi ku supirna pindah tempat. Mun seug parkir diposisi nu tadi, jigana kajadian cilaka nu saperti kitu. Kitu ceuk urang Bekasi nu geus nyaba ti saderekna di Bandung.***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "SAKOLEBAT INFO : Puluhan Mobil Pribadi Disuruduk di Res Area KM.97 Tol Cipularang"

Posting Komentar