WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Ade Jo Sukses Ngorbitkeun Adi Kurniawan Tarigan Jadi Ketua PWI 2025-2028

PURWAKARTA - www.wartasunda.id,-   Ngangkat harkat darajat hiji jalma teu sagampang malikeun dampal leungeun. Tapi ku kayakinan jeung kar...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

MELAK PARÉ INPARI IP NUTRIZING DI SMPN 4 DARANGDAN




MELAK PARÉ INPARI IP NUTRIZINGDI SMPN 4 DARANGDAN




P
rogram Dinas Pendidikan Kabupatén Purwakarta, sangkan sakola melak paré dilaksanakan kalayan daria ku warga SMPN 4 Darangdan.

Mageuhkeun atikan karakter, ngawangun rukun guyub sauyunan, yén proses jadi sangu téh ngaliwatan sababaraha tahap, ti mimiti tebar, babut, tandur, ngarambét, mupuk, nepi ka dibuatna.



Murid SMPN 4 Darangdan, Désa Pasirangin réréongan nyitak sawah pikeun melak paré, sangkan wanoh hirup jeung alamna tur dalit kana tradisi Sunda dina widang tatanén. Mugia waé, atikan karakter ngalemah dina diri sirung-sirung Sunda, harepan bangsa pikeun mangsa nu bakal datang.*

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "MELAK PARÉ INPARI IP NUTRIZING DI SMPN 4 DARANGDAN"

Posting Komentar