WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Ade Jo Sukses Ngorbitkeun Adi Kurniawan Tarigan Jadi Ketua PWI 2025-2028

PURWAKARTA - www.wartasunda.id,-   Ngangkat harkat darajat hiji jalma teu sagampang malikeun dampal leungeun. Tapi ku kayakinan jeung kar...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

FIKMIN BASA SUNDA : Kalangsu

fikmin
Poto ilustrasi tina internet.*
KALANGSU
Ku : Lely Moelyati

Lagu magrib,  kolek geus diparinkeun kana mangkok. Keuheul, bet aya waé sireum, teu kaop nimu nu amis.
     Kulutrak panto muka, kadéngé léngkah suku nu maké selop, kuku suku nu teu weléh dikiték hideung. Reuwas, geuning Tanteu Siska mani nyusulan wayah kieu. Awéwé nu haténa badis iblis, salila ieu teu weléh ngangganggu katengtreman rumah tangga.
     Masalah ékonomi nu jadi mimitina.  Salaki  ukur tukang bajidor, ditanggap kakapeungan. Kuring mantuan usaha,  ngiriditkeun simbut. Hirup miyuni bajing, jleng ka ditu-jleng ka dieu, demi ngeusian koropak nu teu pinuh-pinuh.
     "Asih, mana salaki manéh, peuting ieu  montong baha siga kamari, bongan saha geus nyatujuan sakabéh perjangjian di luhur materei!"
     Teu werat némbalan.  Si Bungsu ngelol, ngasongkeun piring sangu.
     Alas budak karagragan keclak cimata.
     Enya, Kang Surahman geus lima bulan ieu jadi piaraan Si Tanteu. Lir néon nu bisa nyaangan kamar manéhna, ulah ngejat salila Om Winto salakina dibui di Nusakambangan.***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "FIKMIN BASA SUNDA : Kalangsu"

Posting Komentar