PEMDA MIDANG : Arisan Gotong Royong Ala Pamaréntah Kabupatén Purwakarta
Ket. Poto : Arisan Gotong Royong Ala Pamaréntah Kabupatén Purwakarta.*
PEMDA – Warta Sunda Onliné,
S
|
alila
ieu, Kabupatén Purwakarta mibanda program ngeunaa nataan lingkungan.
Salahsahijina, program “Juma’ah Bebersih” atau “Jum'at Bersih”. Lain ngan ukur
di pusat kota, kagiatan ieu ogé dilakukeun disakabéh nepika pilembureun désa.
Salahsahiji program ieu, nyaéta arisan gotong royong. Luyu
sareng ngaranna, ieu kagiatan bebersih téh dilakukan sacara bagilir ti hiji
wilayah ka wilayah lainna di lingkup kecamatan. Program ieu, dilaksanakan dina
poé Juma’ah isuk-isuk.
Bupati Purwakarta, Anne Ratna Mustika ngeceskeun, wilayahna
salila ieu geus kakoncara tina kabersihan jeung kaasrianna. Bahkan, geus leuwih
ti satu dasawarsa, daérah nu kiwari
dipingpinna téh diibaratkeun “Raja tanpa
mahkota” dina bidang kabersihan.
"Purwakarta, ti baheula geus kakoncara tina kabersihanna.
Tah, ieu téh kudu terus dipertahankeun," pokna Anne, Juma’ah (25/10/2019).
Nurutkeun Anne, éta téh ngarupakeun hasil ti kawijakan
pamaréntah kabupatén. Salila ieu, pamaréntah mibanda program nu eusina
ngaintruksikeun ka sakabéh pagawé pamaréntahan pikeun gotong-royong ngabantuan masarakat
dina hal njaga kabersihan.
"Jadi, tina kabijakan ieu ngainstruksikeun sakabéh pagawé, poma
nu aya di lingkungan OPD/instansi, kecamatan nepika kelurahan/désa supaya turun
ka lapangan pikeun bebersih lingkungan dina tiap poé Juma’ah (Jumsih),"
jelasna.
Dina kagiatan éta, wilayah–wilayah nu kudu dibersihan téh
parantos terjadwal. Nepika, engkéna sakabéh pagawé wajib datang ka lokasi nu
geus ditangtukeun, saperti arisan.
"Misalna Juma’ah minggu ieu di wilayah Kecamatan kota, tah
sakabéh pagawé kudu datang ka lokasi. Engké minggu hareupna, di wilayah mana deui.
Terus nguriling saperti nurutkeun jadwal nu geus ditangtoskeun téa," pokna
Anne.
Inyana ngajelaskeun, tradisi njaga kabersihan sacara gotong-royong
ieu kudu terus dilaksanakan tur digedurkeun. Sangkan kacipta lingkungan anu
bersih tur sehat.
"Kabersihan jadi tanggung jawab urang saréréa. kukituna, hayu
urang babarengan ngagedurkeun deui sifat gotong-royong," Jelasna.***