Sastra Sunda : TINGTRIM RASA
TINGTRIM RASA
Ku : Kinded
Di udag di beubeurik
Di kotektak di ubrak abrik
Tapi angger teu kapendak
Teuing dimana teu tiasa kalacak
Sing horeng simana horeng
Anjen sanes kanggo didunya
Anjen kanggo jalmi nu takwa
Kanggo papaes engke di sawarga
Anjen bakal ngadatangan
Ku cimata katakwaan
Anjen bakal ngancik na diri
Ku pasrah jeung sumerah diri
Anjen rasa nu moal aya gantina
Najan dunya diketrukeun keur melina
Anjen katingtriman.......
Nu ayana di alam ka abadian
----------------------------------------------------
Di udag di beubeurik
Di kotektak di ubrak abrik
Tapi angger teu kapendak
Teuing dimana teu tiasa kalacak
Sing horeng simana horeng
Anjen sanes kanggo didunya
Anjen kanggo jalmi nu takwa
Kanggo papaes engke di sawarga
Anjen bakal ngadatangan
Ku cimata katakwaan
Anjen bakal ngancik na diri
Ku pasrah jeung sumerah diri
Anjen rasa nu moal aya gantina
Najan dunya diketrukeun keur melina
Anjen katingtriman.......
Nu ayana di alam ka abadian
----------------------------------------------------