WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Warta Gedung Dewan : Sekretariat DPRD, kadatangan Rengrengan Pangurus katut Anggota PWI Purwakarta

Poto bareng PWI Purwakarta jeung Sekretariat DPRD.* GEDUNG DEWAN -  www.wartasunda.id,- Sekretariat Dewan Perwakilan Rakyat Da...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Mitra Medar : Bahasa "Sampurasun" Tong Dijieun Lulucon

Bahasa "SAMPURASUN"
Tong Dijieun Lulucon

Ku : H. Endin (Ketua DHC '45 Kabupatén Purwakarta)



Bahasa SAMPURASUN tong dijieun lulucon.

*Ka arifan urang sunda ngeunaan makna "SAMPURASUN"*

*Sampurasun kawit tina kalimat "SAMPURNA NING ISUN".*
*anu ngagaduhan makna "SAMPURNAKEUN DIRI ANJEUN".*

*Nyampurnakeun diri minangka tugas utama manusa di alam dunya anu ngalingkupan :*
*-Kasampurnaan ucapan-*
*-Kasampurnaan titingalian-*
*-Kasampurnaan rurunguan-*
*-Kasampurnaan angseuan-*

*Kabeh kasampurnaan eta ayana dina kabersihan tur kaherangan hate.*
*Herangna hate ngawujud dina sifat tur lengkah paripolah urang Sunda nu jadi ajaran "SILIWANGI" (silih asah, silih asih, silih asuh).*

*Seukeutna indera rasa urang sunda, ngawujud dina ucapan "SAMPURASUN", nu jadi do'a sakaligus pangeling, yen urang sunda kudu WASPADA PERMANA TINGAL :*
*Ceuli kajaga ku runguna*
*Panon kajaga ku awasna*
*Irung kajaga ku angseuna*
*Letah kajaga ku ucapna*

*Kabeh eta kudu ngamuara dina hate nu kajaga ka ikhlasanana*

*WASPADA PERMANA TINGAL, lain ngandung arti curiga kana sagala kaayaan, tapi wujud lengkah paripolah urang sunda nu kudu "deudeuhan, welasan, asihan, nulung kanu butuh nalang kanu susah, nganteur kanu sieun nyaangan kanu poekeun".*

*TAH ..SIKEP IEU NU NGAJADI CIRI URANG SUNDA KASOHOR*.
*Resep ngahiji, sareundeuk saigel sabobot sapihanean, ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salogak*.

*Budaya luhung ieu teu datang sakaba-kaba, tapi lahir dibangun ku ka-arifan urang sunda. Yen hirup teh kudu ngahiji, bareng, ngamuara (museur) ka Maha Agungna Pangeran (Allah SWT)*.
*Ka-arifan ieu anu ngalahirkeun karakter urang sunda jauh tina sifat "museur" kana dirina (ke-akuan/ego).*

*Urang Sunda sadar, yen hirup ngan ukur sasampeuran, awak ngan ukur sasampayan, kabeh sarengkak paripolah mung margi kersaning Gusti Anu Maha Suci*.
*SAMPURASUN ukur sakecap, ngan jero harti jeung maknana dina ngawangun JATI DIRI urang Sunda*.

*Omat.. Ulah sakali-kali dijieun kaulinan, komo lulucuan...!!!!*
Mangga wargi Sunda sadaya..sosialisasikan ka warga anu sanes....Aamiin.***
Cag.




Subscribe to receive free email updates: