WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Warta Gedung Dewan : Sekretariat DPRD, kadatangan Rengrengan Pangurus katut Anggota PWI Purwakarta

Poto bareng PWI Purwakarta jeung Sekretariat DPRD.* GEDUNG DEWAN -  www.wartasunda.id,- Sekretariat Dewan Perwakilan Rakyat Da...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Ibar ti Bojong : IPWB Manjangkeun Babarayaan nu Parangsiun

Ikatan Purnabhakti Winaya Bojong
Manjangkeun Babarayaan nu Parangsiun

Bojong - Warta Sunda Onliné,
Wadah atawa beungkeutan nu parangsiun arang langka dina emprona keur tempat paguneman para pagawé nu geus purna. Dina hal ieu mah, di Purwakarta parantos medal Ikatan Purnabhakti Winaya Bojong nu disingket IPWB.



     Minangka orhanisasi éta téh, dijerona para pagawé ASN nu geus lekasan tugas dinés babakti ka nagara. Tujuanna aya di handap ieu.



PENGURUS IPWB PERIODE 2019- 2021

DEWAN PEMBINA:
1. Ketua PGRI BOJONG

DEWAN PENASEHAT :
1. ADANG JUHADANG
2. H. MOH. MIMBAR
3. HJ. NINING ANINGSIH
4. H. KOHAR

PENGURUS :
KETUA  :H. AZIS HILMAN
WK. KETUA : DEDIH K
SEKERTARIS : SUNADI
BENDAHARA : ELIS

SEKSI " :
HUMAS :....
ROHANI ....
KEWANITAAN....
PEMBANTU UMUM....


VISI : NGOBROL BARENG DINA SELA SELA TUNGTUNG KAHIRUPAN

MISI :
1. Manjangkeun silaturahim antara dulur saprofesi
2. Nambahan amaliyah nuju kana kalanggengan kahirupan
3. Silih simbeuh ku rasa hormat jeung kanyaah

PROGRAM KERJA :
1. Mengadakan pengajian bulanan dalam lingkup silaturahim
2. Mendata anggota sejak berdirinya organisasi PGRI KEC. BOJONG.
3. Mengadakan kunjungan kepada anggota yang sakit serta ikut membantu meringankan kebutuhannya
4. Melakukan takziah pada anggota yang meninggal dunia serta memberikan santunan
5. Bekerjasama dengan PGRI Kec. Bojong dalam mengadakan Peringatan Hari Besar Islam.

     Mugia ayana orhanisasi éta téh, para purnabhakti leuwih raket deui dina tali mimimitran papada eks-pagawé. Lain saukur anjang sono dina narima pangsiunan tapi amprokna papada purnabhakti ngaraketkeun kakulawargaan.



     Kitu ditetelakeun ku H. Sunadi ka Warta Sunda Onliné sabada Jum'atan di Bojong, Poé Juma'ah, (13/9). Inyana miharep, mugia ieu orhanisasi tiasa dicontoan ku nu lain.***





Subscribe to receive free email updates: