WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Ijazah Fisik Dihapus Diganti E-Ijazah Mulai 2025: Ini 6 Alasan Penting Kenapa Harus Diterapkan!

  Seiring berjalannya waktu dan perkembangan teknologi, pemerintah mengambil langkah besar dalam sistem administrasi pendidikan dengan mempe...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Kaahéngan Turuy Cau Dina Gebog Pisang


Sukasari – Warta Sunda Onliné,
K
aagungan Alloh SWT moal bisa diturutan ku manusa. Saperti halna Gebog Cau nu aya di wewengkon Kampung Wangun RT.003/RW.002 Désa Parungbanténg Kecamatan Sukasari, sawatara waktu katukang dihebohkeun ku Turuy Cau jadi dina gebog pisang nu geus ditebas dikebon Mang Ujum.
Kajadian langka éta, jadi tongtonan haratis pikeun warga lembur Wangun. Malahan, saméméh na ceuk Mang Ujum. “Sim kuring poho nebas gebog cau éta, sababaraha minggu katukang, sanggeus panen Cau Ambon. Kulantaran rusuh poho teu nebas nepika handap,” pokna.
“Nya, Ku Kaagungan Ilahi Robi, yén gebog cau nu geus ditebas téh kalahkah turuyan deui ti mimiti jantung nepika buahan,” pokna Mang Ujum.
Lain halna ceuk Jhoni (26) warga Wangun  Kajadian nu saperti kitu téh arang langka aya, kari-kari ayeuna kajadian dilembur panungtungan Kecamatan Sukasari. “Mugia ieu anten tafakuran keur urang saréréa salaku mahlukna nu teu daya teu upaya, nalika ceuk Alloh SWT Kun payakun, jadilah, jadi.*** (((Sangga Buana)))

Subscribe to receive free email updates: