WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Warta Gedung Dewan : Sekretariat DPRD, kadatangan Rengrengan Pangurus katut Anggota PWI Purwakarta

Poto bareng PWI Purwakarta jeung Sekretariat DPRD.* GEDUNG DEWAN -  www.wartasunda.id,- Sekretariat Dewan Perwakilan Rakyat Da...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

MAPAG KAMERDIKAAN RI : Préstasi nu Sampurna Ku Pengkab PPI Purwakarta


Préstasi nu Sampurna
Ku Pengkab PPI Purwakarta

PURWAKARTA – Warta Sunda Onliné,
T
arékah jeung patéah Ketua Purna Paskibraka Indonésia (PPI) Kabupatén Purwakarta sarta pamaréntah daérah dina raraga mapag poé Kamerdikaan Negara Kesatuan Rrepublik Indonésia ka 74 taun. Pihakna geus mere kasempetan ka para nonoman nu aya dina beungkeutan Paskibraka Kabupatén Purwakarta.
Dina hal ieu mah para nonoman paskibraka éta téh, aya nu wawakil ka tingkat nasional katut provinsi, pon kitu deui tingkat kabupatén.

Nilik tina sajarah ti taun 1984 paskibraka Kabupatén Purwakarta nu kungsi disangking ku Agus Taji (Alumni SMAN 1 Purwakarta) tepi ka ayeuna 21 taun kakara deui hudang tina ngimpina, yén para nonoman paskibraka Purwakarta asup jeung bersaing di Tingkat Provinsi nepika ka Tingkat Nasional. Ieu téh ngarupakeun karancagéan stake holder anu hade bias nyumarita deui di tingkat nasional jeung provinsi Jawa Barat.
Poma para patandang nonoman éta téh diantarana mojang ti SMAN 1 Purwakarta asup kana pasukan pengibar bendera pusaka di Istana Negara Jakarta. Ngan nu ngabentenkeun dina pangberokan éta téh, para pasukan paskibra can apal tugasna sewang-sewangan, dalah nepika dina poéanna 17 Agustusna na ogé, can apal. Tapi sababaraha deui jam kana waktuna ngibarkeun bandera kakara tupoksina pasukan dibéjakeun.
Diantaran pelajar éta téh, aya nu jadi bagian ti Paskibraka Nasional nyaéta Fara El Diba, siswa kelas X SMAN 1 Purwakarta. Lian ti éta, putra bangsa ti Purwakarta mawa seungit di Tingkat Provinsi M. Ibnu Hamami ti SMAN 1 Sukatani.
Jadi Purwakarta mah, kapintunjulan para nonoman dina Paskibraka di Tingkat Nasional, Provinsi, katut Tingkat Kabupatén. Malah mandar wengi ieu rék aya acara Pengukuhan Pasukan Pengibar Bendera Pusaka dan Anggota Korsik Dangiang Nyi Ratu di Taman Maya Datar Buruan Pendopo Kabupatén Purwakarta. Malahan 54 urang Pasukan Paskibraka Tingkat Kabupatén Purwakarta rék dikukuhkeun.   
Ku kituna, neda pidu’a kasadaya ieu pamaos Warta Sunda Onliné, sangkan Pelajar putri kelas X di SMAN 1 Purwakarta Fara El Diba téh tiasa janten pembawa baki bandera beureu-bodas. Lantaran ieu nu jadi kameumeutna ti para pasukan pengibar bendera. “Komo mun nepika salaku pengerek bendera mah,” pokna Anas Gunadi manten mojang-jajaka.***

Subscribe to receive free email updates: