WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Warta Gedung Dewan : Sekretariat DPRD, kadatangan Rengrengan Pangurus katut Anggota PWI Purwakarta

Poto bareng PWI Purwakarta jeung Sekretariat DPRD.* GEDUNG DEWAN -  www.wartasunda.id,- Sekretariat Dewan Perwakilan Rakyat Da...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

KANDAGA BUDAYA SUNDA, SENI : Sisingaan Masih Kénéh di Minati kunu Boga Hajat


Sisingaan Masih Kénéh di Minati kunu Boga Hajat

 CIMAHI – Warta Sunda Onliné,
M
asih kénéh aya nu milu mikanyaah kana Seni Sunda téh, nya! Saperti halna di Jalan Pasantrén ayana pintonan arak-arakan Seni Sisingaan nu katelahna éta seni asli ti Subang. Keur mah ieu seni arang langka ditanggap ku urang, pon kitu deui urang salaku urang Sunda nu loba ngalolowarakeun kana budaya Sunda.
Dina hal ieu mah, Warta Sunda Onliné nalika keur ngariung mungpulung alumni STM Prakarya Internasional (PI) Alumni 91/92 Jurusan Listrik B, di Café Cénghar Kopi di Jalan Pasantrén No. 131 Cibabat, Cimahi, Jawa Barat, poé Ahad, (30/6).
Kareungeu ti kajauhan suanten nu ngahaleuangkeun lagu-lagu Sunda tur ngsaleut-ngabandaleut rombongan Sisingaan ari nu tumpakna téh barudak nu disepitan. Katingal nu tumpak téh eungkleuk-engkleukan luyu jeung iringan seni bajidoran, ku salasaurang sinden bari geus kolot nu masih kénéh resep kana seni. Ku kitu pihak nu hajat dibagéakeun ku sen karuhun Sunda.
“Reugreug lah aya di kota aya nu milu ngamumulé seni téh, seni nu saperti kitu téh di mumulé ku pihak nu boga sanggar,” kitu ceuk Jajang warga Jl. Pasantrén RT.02/RW. 16 Cibabat Cimahi ngawangkong jeung Warta Sunda Onliné.

Lain halna ceuk Hanhan urang Rancaékék Kabupatén Bandung, di lemburna masih aya kénéh pintonan nu sapert kitu téh, ngan paling ramé dina bulan haji saperti ayeuna.*** Suhanda

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "KANDAGA BUDAYA SUNDA, SENI : Sisingaan Masih Kénéh di Minati kunu Boga Hajat"

Posting Komentar