WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

SMPN 1 Purwakarta, Mibanda Alat Ngosrek

  SMPN 1 Purwakarta, Mibanda Alat Ngosrek  Kepala Sakola nalika mulungan runtah di luar lingkungan SMPN 1 Purwakarta, bagian tina kegiatan ...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

WARTA ATIKAN TI BUNGURSARI - Bungursari Nargetkeun Qasidah jeung Sepak Bola di Tingat Kabupatén


Bungursari Nargetkeun
Qasidah jeung Sepak Bola di Tingat Kabupatén


BUNGURSARI – Warta Sunda Onliné,
G
EBYAR kakompakan saniskara kagiatan di Bungursari, teu leupas tina partisipasi staké holdér. Dina hal ieu mah, pihak nu bisa ngahijikeun antara Kepala Sekolah, Guru, katut Anak Didik tur Orang Tua Siswa. Iwal ti Ketua K3S Kecamatan. Luyu sareng kapentingan sewang-sewangan. Ieu téh ku alpukahna pihak Kelompok Kerja Kepala Sekolah (K3S), Kelompok Kerja Guru (KKG) sareng pihak UPTD Pendidikan nu gaduh wilayah teritorial di wewengkon kecamatan.
Kajaba ti éta, kagiatan Gebyar Kréatifitas Siswa SD Bungursari ieu téh dina raraga ningkatkeun pembinaan jeung pengembangan olahraga, pengetahuan, seni jeung agama di sakola.
Ku kituna, di Kecamatan Bungursari pihak panatacalagara kagiatan Gebyar Kréatifitas Siswa SD Bungursari magelarkeun saniskara kagiatan luyu sareng téma : “Jadilah Generasi yang Gemar Membaca, Cerdas Berkarakter dan Hebat”.  Para pamilon nu diilukeun téh ti 18 Sekolah Dasar sa-Kecamatan Bungursari, jumlah pamilon diantarana : 360 pamilon, 60 juri/wasit, 69 pembimbing sarta 36 panatacalagara. Pon kitu deui lomba-lomba nu diabenkeun téh aya 15 cabang lomba nu ngawengku saniskara kagiatan saperti basa acara Pembukaan Peserta Lomba FLS2N, O2SN, ON & FL2N nu langsung dibuka ku PLT. Camat Kecamatan Bungursari.
Dina biantarana  PLT. Camat Kecamatan Bungursari, Drs. NURFALAH, negeskeun yén kagiatan nu saperti kitu téh, inyana ngarasa reueus nepika bisa lumangsung. “Mugia barudak di Bungursari téh bisa ngukir préstasi tina sagala widang, poma ayeuna nu dilombakeun téh hiji diantarana tiasa nyongcolang ka tingkat Kabupatén, Provinsi tur tingkat Nasional, jungjung sportifitas dina lomba”.
Dina kasempetan éta ogé, Ketua Panatacalaga Kagiatan Peserta Lomba FLS2N, O2SN, ON & FL2N, Ahmad Ruhiat, S.Pd basa diwawancaraan ku Warta Sunda Onliné, negeskeun yén nu jadi target di Kecamatan Bungursari téh nargetkeun Sepakbola. Lantaran geus jadi langganan dina tiap kagiatan nu saperti kitu téh.
Lain deui nu kasauran Ahyar, S.Ag ngajelaskeun dina widang Pentas PAI nu baris lumangsung di Kecamatan Cibatu nargetkeun Qasidah, taun kamari Juara ka-2. “Mudah-mudahan taun ayeuna mah Juara ka-1,” pokna.
Pihak Warta Sunda Onliné, ngahaja ngawawancaraan budak SDN Cinangka nu milu aub lomba FLS2N, nyaéta Néng Intan (kelas 5), Bintang (kelas 4) sarta Séli (kelas 4), nu harita giring FLS2N lomba Kréasi Seni Tari. Dina hal ieu mah Néng Intan nganggo raksukan Pa Tani sambil nyanyandak Pacul sareng Néng Bintang jeung Séli ngengelék boboko nu nyaritakeun Patani keur melak Paré nu diiringan dua ibu-ibu ngengelék boboko panén paré.*** Anto Sukanto.

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "WARTA ATIKAN TI BUNGURSARI - Bungursari Nargetkeun Qasidah jeung Sepak Bola di Tingat Kabupatén"

Posting Komentar